Senin, 15 September 2008

Novel

LALANGIT BATIN

Ngalamar

Ayeuna. Urang geus lila papisah jeung maneh teh, Unaida. Kitu oge geus nasib meureun. Papanggih teh sakeudeung teuing euy. Karek ge sataun, urang geus kudu lunta ninggalkeun maneh da geus diusir ku ijazah. Mun engke papisah teh geus ngarasa bosen urang jeung maneh. Rek bosen ku sakola atawa ku panggih jeung guru PPKn anu gumeulis. Eh ketang kitu-kitu oge guru urang jeung maneh, Nda. Atawa bosen ku indit jeung balikna pedah liwat terminal sado. Baulah. Tapi rek aya bosen kitu sakola teh? Tilu taun teh sakeudeung teuing keur SMA ceuk rarasaan mah. Maneh ge tangtu bisa ngarasakeun.
Nda. Maneh mah panggih jeung urang teh siga asal-salan. Wawuh hungkul. Urang jeung maneh mindeng balik sakola bareng. Ngobrol ngalor ngidul. Tapi urang teu puas ku sakitu. Urang mah hayang leuwih. Biasa nu ngaran lalaki geus wawuh teh sok tuluy hayang deukeut. Ngaku adi tea lah, alo lah, kaditu-kadituna mah sok tuluy hayang jadi kabogoh komo geulis siga maneh mah. Mun ditampik sok pundung lalaki mah. Meureun eta oge. Enya sih karasa ku sorangan. Tapi pundungna urang kadang-kadang. Siga kumaha heula ditampikna? Jeung kusaha heula ditampik teh? Kunu saheureuyeun mah teu jadi masalah komo tuluy pundung mah wegah nalika keur nyorangan, taya batur nu bisa diajak ngalamun. Siga ayeuna urang keur nyorangan ngalamunan maneh nu teu nampik cinta urang da memang can kedal tepika ayeuna. Kaburu pisah cekeng ge. 
Maneh mah meureun masih keneh wae isuk-isuk mandi tuluy make saragam abu-abu bodas, ngajugjug ka kelas geusan narima pelajaran ti guru bidang studina masing-masing. Ngaheneng dina bangku nu sakapeung mere cap sapatu kana rok kulawu maneh. Tayohna kubarudak lalaki diparake udag-udagan.
Ari urang, ret kaditu ret ka dieu, teu warawuh jalma teh. Teuing saha jeung urang mana. Aya eta oge anu wawuh hiji-dua. Sarua manehna oge siga urang bur-ber kaditu-kadieu nareangan sarat-sarat keur surat lamaran jadi PNS majarkeun teh. Ah urang mah neangan pangalaman bae ngiluan soteh, tamba ngalamun mikiran maneh teuing. Piraku batur tagiwur dalaftar urang cicing wae. Taya gadag pisan meureun jadi jalma teh. Ucing ge nu katingalina cicing sabot aya kadaharan mah teu burung diburu. 
Heueuh jauh pisan keur urang bisa ditarima mah jadi PNS. Sarat de jure-na oge teu cumpon. Boga D3 tea geuning; dulur, deukeut jeung duit. Rek nyogok, nyogok ku naon, mun ku awi onam ronghok di pipir ge. Ngahieuman. Keur mah daftar teh ijazahna ngan cukup ngalamar keur TU di MTs, (urang daftarna ka DEPAG, Nda) kitu ogenan ngarep-ngarep kalangkang heulang. Nu daftar aya kana dua ratusna sedengkeun nu ditarimana ukur dua urang sakabupaten teh. Sabodo ketah itung-itung masang togel. 
Tuh, Nda, tenjo di kantor DEPNAKER pinuh ku jalma. Lolobana mah nyarieun “kartu kuning” –ka wasit atuh menta nu kitu mah! Puguh ge jadi salah sahiji sarat pendaftaran tea. Aya eta oge anu nyieun KTP siga si Ati babaturan SD. Beak majarkeun teh masa aktifna. 
Urang milu pagegelek didinya. Ti kamari. Eh anggeus-anggeus sorena, jeung kudu mayar deuih. Majarkeun teh saridona. Mere bae dua rebu perak da urang ge nyaho gratis cenah nu kitu mah. KTP oge ayeuna mah gratis, ngan kitu geuning jadi lengle migawena. Taya buruhan meureun. Asal-asalan.
Isukna, rebun-rebun urang geus saged rek ka kantor Pulisi. Ka KAPOLRES. Maksudna rek nyieun SKKB. 
“Ada perlu apa, De?” cenah, ceuk salah saurang pulisi anu keur sibuk nguruskeun batur nanda tangan.
Beu geuning sarua didieu oge, Nda, jelema teh ngariung keur nyieun SKKB keur sarat ngalamar jadi PNS tea. 
“Mau membuat SKKB, Pa” cekeng bari laha-loho ka jero. 
“Oh, ke sana dulu” tembalna nunjuk hiji rohangan nu rada anggang. Geus kitu mah jongjon deui mikeun kertas nu tinggal nanda tangan. 
Suku ngalengkah muru gedong nu dituduhkeun. Teu sabaraha jauhna. Sup kana lawang panto tuluy diuk na korsi tunggu. Heueuh antre deui wae didieu ge, ngan teu pati lila. Tembong kosong, suku hideng ngalengkah muru resepsionis. 
“Potonya mana, De?” ceuk eta polwan ngomong nempo urang nyampeurkeun bari mawa surat pengantar ti lurah satempat teh.
“Oh, pake poto?”
“Fas fhoto 4x6, 6 lembar. Uang pendaftaran Rp. 15.000;”
“Belum bawa, Bu.”
“Ditunggu sampai jam dua siang!” cenah mungkas carita. Tuluy ngalayanan deui batur anu ngantri tukangeun urang.
Suku ngalengkah deui kaluar ti eta rohangan. Ngagedig muru ka jalan meuntasan panto gerbang Kapolres Cianjur. Nikreuh mapay-mapay jalan Suroso neangan studio foto nu bisa nyetak harita keneh. Leumpang teh mengkol ka kenca sab tembong loba reklame studio foto. Lumayan jarang di Cianjur mah studio nu bisa ditungguan teh, buktina bae aya kana lima kalina asup ka studio foto, kabeh nyebutkeun isuk dicokotna. Tah ari nu ieu mah rada onjoy rohanganana oge, loba make kaca sisi-sisina teh. Bisa ditungguan geuning.
“Mbak, bisa ditunggu sekarang hasilnya?” cekeng katepaan Basa Indonesia ti Kapolres tadi. 
“Bisa. Berapa lembar?” Cenah malik nanya
Daradad urang nyaritakeun kaperluan keur nyieun SKKB tea. Tuluy nanyakeun harga. Subhanalloh, geuning waragadna ampir tilu kalieun dipoto dinu biasa. Ari ieu ngan saukur ngafdreuk. Keun baelah. 
Sanggeus rengse nungguan sajam, tuluy indit deui ka Kapolres nu tadi tea. Kacape mah maluragan sapaparat jalan beak tepi ka nu dituju teh. Sup deui ka rohangan tadi nu mesen foto. Jam dua harita teh. Teu talangke surat ti desa jeung foto dibikeun ka tanteu polwan tea, song duit lima belas rebu. Teu kungsi lila golosor uir nu eusina biodata jeung kotak-kotak eusianeun cap ramo, aya kana dalapan kotakna. Sanggeus dieusi tur dicapramoan (sidik jari maksudna mah), urang dititah indit ka rohangan nu mimiti urang ka dinya, uir mah dicokot ku salah saurang patugas nu nguruskeun sidik jari tea. 
Di rohangan ieu urang ngalelengkur nungguan hasilna. Tapi asa kulila-lila teuing euy. Jam opat harita teh. Torojol pulisi make kameja biru, tuluy ngomong; “Yang daftar hari ini paling selesainya besok pagi!”
Eh belegug. Pan butuh ayeuna-ayeuna. “Tidak bisa dipercepat, Pa?” Ceuk salah saurang nu wani cumarita. Urang mah tiba ngembang kadu. 
“Masalahnya, yang membuat sangat antre!” jawabna.
Puguh bae rek antre oge da siga nu saengkol pisan antara Depag, Diknas, Depnaker katut Polres teh nyieun sarat-sarat lamaran kudu aya katerangan-katerangan ti maranehna. Dasar pidoggyeun kabeh!
Tapi, keur urang mah hal ieu teu dipermasalahkeun. Cape mah biasa. Udulan duit, teu aneh. Bangsa urang mah nu diberlakukeun teh duit kalolobaanana mah. Hayang jadi PNS, ti mimiti guru SD tepi kaguru SMA kudu make duit. Loba di lembur urang mah anu ngalaman duit lapur pagawean teu hasil da digasab ku calo. Rek jadi polisi, kitu oge. Siga kang Findi, senior urang di PASKIBRAKA daftar ka kapolisian, tapi teu katarima da kurang heueuhna. Si Olvida, babaturan sakaligus saingan puisi, budak komunitas sastra ‘Rumah Tumbuh’ bogana Kang Yusuf Gigan, daftar polisi kelautan, leutik teuing majarkeun teh. Lain awakna, puguh ge jangkung tur sampulur, tapi leutik heueuhna deui. Leuleueur. Coba tilik sing sidik, kitab hukum urang mah KUHP ceuk batur mah singkatan tina ; Karena Uang Habis Perkara. Tah di dieu duit boga kakawasaan teh. Hayang nanaon gampang ku duit mah. Mun nu beunghar dibui, tara lila apanan geus kaluara deui. Ditebus. Bisa nya hukum jalma mah dijualbeulikeun teu kawas hukum Pangeran. Lamun geus A kudu A, geus ditangtukeun B kudu B.  
Eumh. Lamun kitu wae mah kaayaan, bangsa Indonesia teh moal maju-maju najan disupiran jeung digilindingan oge. Ningalikeun urang Jepang mah, Sensei Fujishima ngaranan teh, heueuh guru, matak disebut sensei oge, ngajar ka kelas urang ngahaja jauh-jauh ti Bandung, ku wali kelas teh arek digantian ongkos, eta mah mani siga nu dihina pokna teh ; “Saya kusini bukang untuku uang, tapi untuku anaku bangsa” alus pan bari logat Jepangna nu teu bisa ngaleungitkeun huruf vokal diahir kecap, lian ti ‘ng’ kitu oge ditulisna mah ‘n’. Iraha jalma di Indonesaia kawas kitu.
Maneh kitu moal, nya, Nda? 
Mudah-mudahan. Engke kitu geus gede. Lain leutik keneh ayeuna mah. Sare oge dipepende keneh ku indung. Saleuheung ketah, kumaha lamun taya indung, rek ku bapa maneh? Amit kwadrat. Tapi mun jauh jeung indung bapa kumaha, rek dipepende ku urang? Heuheuy deuh. Pimanaeun jamanna? Apan urang ge leutik keneh najan geus kumisan. Tapi sok dikerok dua poe sakali ngameh teu siga kolot. Pikasebeleun pan mun kitu teh. Kolot. Rieut lah mikiranana ge. Kudu ngurus rumah tangga, maraban anak pamajikan. Moal enya pamajikan kudu di ka Saudikeun atawa ka Malesia? Da ceuk Qur-an oge nu wajib nganafkahan teh lalaki, arrijalu qowwamuuna alannisa, kitu unina ge, lain annisau qowwamuuna alarrijalu. Heueuh nafkah teh lain saukur nafkah batin, lain saukur dahar hungkul deuih, da kudu jeung pakeeunana. 
Ah. Na rieut-rieut teuing mikiran rumah tangga. Jauh keneh ka kawin urang teh.
Urang mah lamun diparengkeun boga duit, moal dipake buru-buru kawin. Kalem bae. Urang mah hayang kuliah di Fakultas Sastra Arab, di Al-Azhar Mesir, rek ngagali Alqur-an. Memang jauh teuing ceuk pangrasa mah. Paling banter atuh sastra Indonesia, da basa jeung sastrana mah suci Indonesia teh teu kawas nu ngarurusna. Sawareh eta oge, mendi babari kasigeung maneh mah, Nda, kena-kena bapa maneh gawe di komisi B DPRD Kab. Cianjur.
Ceuk pangrasa sastra teh loba pisan di Indonesia mah, ti mimiti mantra, sastra malayu jeung pantun anonim tepika tug ayeun ngaliwatan sababara fase. Aya nu ngaranan hikayat Abdullah, Angkatan Balai Pustaka, Pujangga Baru, Angkatan ‘45 nu rada modern da aya Chairil Anwar, angkatan ’66, ’70-an tepi ka angkatan 2000-an nu boga penyair-penyair muda. 
Urang mah hayang jadi jalma sohor tina hasil nulis. Pede wae najan urang kampung bau lisung oge, tuh tatangga oge Moh. Wan Anwar, jadi sastrawan geuning, redaktur majalah Sastra Internasional deuih di Utan Kayu, Jakarta. Eta deuih Deden Abdul Azis, sastrawan Sunda nu boga basa anyar dina kasundaan ayeuna. Hebat pan. Lian ti eta aya nu leuwih sohor nyaeta Utuy Tatang Sontani. Saha nu teu nyaho manehna salaku tokoh sastra jeung teater, pa cenah ayeuna dumuk di Rusia. Tuh jararegud pisan urang Cianjur teh.
Ari maneh hayang jadi naon, Nda? 
Hobi maneh mah maca lain? Rek jadi duta baca siga Tantowi Yahya? Alus. Tapi lamun deuk jadi tukang berita sing bener nya. Tong sagala teuing diguar, kajadian-kajadian cilaka mah puguh, kudu dipikanyaho balarea meureun. Ieu sok sieun mun kudu nyaritakeun ka gorengan batur, nu ngareuneuhan anak sorangan, nu nelasan dulur, nu salingku pangpangna artis atawa nu korupsi, pejabat. Tuh geus pok deui nyebut-nyebut pejabat. Maneh mah sok camberut. Meugeus ah urang mah hayang sare heula, ngumpulakeun tanaga keur isuk, puguh ge keur puasa lin.
***






Keur Puasa

Sare. Tetenjoan poek mongkleng. Sakapeung cahaya koneng ririakan tembong siga kalangkang cai nu kasorot panon poe. Leng. Sirah muter. Nu katempo ngan ukur belegbeg hideung minuhan lalangit. Les. Urang teu inget di bumi alam. Kalayang, kalayang. Awak ngapung ngawang-ngawang teu walakaya. Geuleuyeung ka kaler, leok ka wetan. Hiuk! Angin nembrag mangperkeun awak nepi ka nyangsaya dina taneuh. Bray. Panon beunta. Luak-lieuk ka sisi ka gigir. Gebeg teh. 
“Unaida, maneh aya di dieu? Keur naon? Pan waktuna sakola wayah kieu mah, na bet nungguan urang sare? Ngimpi bieu teh euy asa ngapung.” 
“A Rifan, Unaida teh bade uih heula. Ngantosan Aa teh seja pamit. Bilih leungiteun.”
“Balik heula? Kamana? Oh enya, pan maneh mah budak kost di dieu teh. Eh kela naha maneh sopan ngomong teh ayeuna mah.” Cekeng. Tapi maneh kalah seuri.
“A, punten tiasa nganggokeun ieu jam tangan dina panangan Nda!” 
Har ari maneh, cenah pang makekeun, bet leungeun urang nu ditarik sina make? Sok tara ngalalarti urang mah.
“Eh, enya! Sing leres atuh, Nyet!”
Hahhh? Maneh nyebut monyet ka urang? Teu salah euy Nda? Urang mah bet hayang seuri. Serius na ge. 
Eh kalah nempokeun deuih urang seuseurian teh. 
Bet tara-tara ti sasari deuih urang make jeung gugulingan seuri teh. Peureum deuih. Tapi lila ku lila mah cape geuning seuseurian teh. Bray beunta. Tuluy cengkat. Luak-lieuk ka sisi ka gigir.
“Unaida, maneh kamana?”
*** 
Urang aya dina ranjang. Balaham-belehem sorangan. Cupu-capa kana beungeut. Ngimpi horeng panggih jeung maneh teh, Nda. Untung ngan sakitu. Kumaha lamun ngimpi “taeun” bulan puasa ieu teh, Nda.
Naha nya make bet ngimpikeun maneh sagala. Naha maneh inget henteu ka urang, ayeuna? Inget teu kana mangsa urang masih sok nyampeur-nyempeurkeun maneh. Ah urang wungkul meureun nu inget ka maneh. Sono. Urang ngaku lemah. Najan urang teh lalaki ceuk sare’at mah. Tapi teuing kunaon hate urang bet gampang katodel pisan. Babari ngarumpuyuk, babari bogoh. Rindu siga ka maneh tapi ari nyeri hate mah jarang sanajan mindeng ditampik cinta ku mojang-mojang nu dipikabogoh. Tapi teu kunanaon lah, geus takdirna meureun. Uyuhan atuh jalma siga urang wawuh jeung inohong –teung naon maksud inohong ceuk urang mah nu puguh lain gegeden dina mangsa karajaan. 
Aneh deuih, urang mah boga babaturan teh ampir awewe kabeh. Si Inong, Si Miea, Si Ranty, Teh Elsy, Si Ulfany, Si Ros, Anstasya, jste. Sedengkeun sobat lalaki bisa keneh katung ku ramo; Si Surya, A Hendra, Kang Ridwan jeung Si Opik anu teuing dimana ayeuna cenah mah kuliah di Bogor. Nyao ah manehna ge teu hayangeun nyaho kaayaan urang.
Ah, jadi ngabsen babaturan pan urang teh rek indit ngalamar jadi PNS tea. Du’akeun nya Nda sing lungsur langsar jeung salamet. 
***

KANDEPAG. Geus rada beurang basa nepi ka dinya teh. Loba batur oge saruwa. Ti marana nya? Kolot deuih lolobana mah. Kajeun ah. Teu talangke, sup ka rohangan tempat daftar. Surat lamaran mah dina tas keneh, era digigiwing siga tukang kiridit rek nagih. Nyirikeun pisan ngilu daftar. Tuluy laha-loho siga aya nu diteangan. Jalma pabuis ka ditu ka dieu. Sawareh singgarunduk ngariung meja nu ditungguan ku patugas penerima lamaran. Beu geuning sakieu lobana nu dalaftar teh. 
 Leos balik deui muru undakan. Turun ti lantei dua. Sanggeus di luar rada anggang tembong hiji awewe can kolot-kolot teuing keur diuk dina tembok nu ngurilingan jujukutan garing jeung kembang pareot, emh kurang ransum meureun tinu ngurusna pepelakan teh. Disidik-sidik bet asa wawuh. Geuning guru SMP urang, Bu Heni. Sakanyaho urang manehna teh geus ngawulang. Asa panasaran sampeurkeun ah, ambeh aya batur deuih. Bae guru oge da urang mah akrab jeung guru ti keur SD keneh.
“Salamu’alaikum?” cekeng uluk salam. Bu Heni cengkat tina tungkul kana layar handphone. Urang ngasongkeun leungeun seja anunan ka guru. Heueueh asa budak SD mun sasalaman nyium leungeun guru teh. Tapi da baheula, ayeuna mah sok diadekeunana kana tarang.
“Eh, Rifan ngiring daftar oge?” saurna teu weleh imut.
“Leres, Bu. Dupi Ibu nuju aya didieu geuning?” cekeng rada nyelok.
“Ibu teh daftar deui, Fan.”
“Har! Sanes Ibu teh parantos ngawulang di SMP 3 sareng SMA Pasundan?”
“Ibu mah nembe satengah PNS, GBS. Rifan daftar dina naon?” walerna ditambihan ku panaros.
“Ijasah SMA mah mung disayogikeun daftar kana staf administrasi, Bu, eta oge staf administrasina di MTs.” Jawab teh sadaekna.
“Sabaraha jalmi saurna nu diperyogikeun?”
“Dua jalmi.”
“Saalit atuh.”
“Muhun, ah ieu mah ngiring milari pangalaman wae, Bu.”
“Muhun atuh, Fan, kedah. Daftarna atos?”
“Teu acan! Kaleresan puguh pendak sareng Ibu teh, hoyong dipangmarioskeun lepat henteuna” cekeng teh bari muka tas. Sletingna dibuka, tuluy ngaluarkeun map eusi lamaran nu geus lengkep ku SKKB, Fotokopi Ijasah, kartu kuning, Fotokopi KTP, poto diri katut kir dokter. Ku urang diasongkeun ka Bu Heni, anjeunan nampi, lajeung nitenan sagalana, surat utamana mah. 
“Bahasa redaksionalna lepat, Fan, ieu mah sapertos kanggo ngalamar ka perusahaan. Ieu, di Ibu nyondong. Sok salin heula! Teu acan nganggo matrei kan?” saurna.
Beu, jadi era. 
Alah na bet kudu era. Wajar we, urang can kungsi ngalaman nyieun surat lamaran ka nu kieu. Dina pelajaran Bahasa Indonesia nu kungsi diajarkeun di kelas ku manehna ge ukur nyieun surat lamaran ka pabrik jeung PT. Baelah. Teu hayang papanjangan. Ngawaro we kana papagahna. Surat lamaran diganti kabeh. Jauh pisan geuning bedana jeung anu dijieun ku urang samemehna.Gutrut bae nulis matak teu lila geus rengse deui.
“Aduh Ibu hatur nuhun pisan!” 
“Kahartos heunteu, Fan?”
“Sae pisan, Bu, duh pami teu tepang heula sareng Ibu mah mana teuing isinna meureun surat lamaran abdi teh.” Jawab teh basa basi. Tuluy diberesan deui.
“Keun wae atuh da diajar.”
“Ah moal enya tos lulus SMA masih keneh diajar.” Cekeng rada heureuy. “Dupi Ibu teh kawit lulusan IAIN?” sambung deui bari rada eureun heula beberesna.
“IKIP, Ibu mah, ari kitu?” saurna muka henpon sab kadangu nampi SMS.
“Hoyong terang atuh, Bu. Panginten teh IAIN margi daftarna ka Kandepag teu ka diknas.”
“Eta oge ongkoh. Ibu mah ngalamar di dua tempat.” Walerna deui. “Fan, Ibu tipayun, nya, aya kaperyogian deui.”
“Oh, mangga Bu, mangga. Hatur nuhun pisan ieu!”
Anjeuna ngawaler ku unggut lajeung ngadeg tina calikna. 
“Hayu ah, Fan!” saurna mungkas omongan. Urang unggut bari saged rek nurutan indit. Rek meuli matrei nu disarankeun ku Bu Heni tea. Daek teu daek kudu kaluar ti lingkup Kandepag neanganana teh. Tapi teu kudu ngemplid leumpang da gigireun panto gerbang teh aya poto kopian. Sup weh ka jero, tuluy nanyakeun materai anu genep rebu, aya geuning. Atuh teu ngadagoan lila, plok bae didinya keneh manterai ditempelkeun dina surat lamaran tea handapeun kecap “Hormat kami” kuriwel ditanda tangan. 
Balik deui kakandepag. Asup ka rohangan anu tadi. Kalacat kana undakan. Geus di luhur, suku hideng nyampeurkeun riungan pendaftaran. Gek diuk gigireun batur anu sidakep ningalikeun lamaranana diilo ku patugas. Ditataan kalimah-kalimah suratna, sabari dikoreksi. Geus puguh ari kalengkepan pasaratanana mah, tuluy datana dicatet kana uwir anu geus aya tulisan: ngaran, alamat, tanggal lahir, jeung sajabana. Uwir dibikeun kanu ngalamar. Tanda bukti yen manehna milu daftar jadi CPNS.
Giliran urangeun!
Gek diuk dina korsi hareupeu manehna. Song lamaran dibikeun. Sarua ditengetan. Patugas unggut-unggutan. Surat lamaran urang mah taya nu cacad geuning sasatna dibenerkeun heula ku Bu Heni. Teu hararese. Katerangan nu kacantum dina surat lamaran dicatet kana uir bukti pendaftaran, song dibikeun. Bari nyebutkeun hatur nuhun urang ngaleos. Rek balik. nanaonan lila-lila oge moal dibere pontang. Keur puasa deuih ongkohan, jajauheun dibere amplop mah da lain geus tahlilan. 
***  





Si Nespi 

Nda, Ari maneh dimana ayeuna? Ceuk ngimpi, balik heula ka imah maneh di Bandung, heug rek anon? Ceuk Si Ulfany –babaturan urang tea, anu sakelas jeung maneh jeung Si Rosdiana, maneh pindah sakola ka Tangerang cicing di Uwa maneh. Teu ngarti urang mah, heug rek nanaonan cicing di dulur. Ayeuna mah dulur teh sok jadi batur, batur jadi dulur.
Ah can tangtu ketah, da urang teu nyaksian sorangan, nu puguh mah maneh tara kasampak mun seug urang datang deui ka sakola. Ulin. Da ngalatih teater mah teu bisa, teu pati resep ketah. Cape. Keun ku Kang Ridwanan, urang mah cukup ngabantuan saeutik bae lah. Sadaekna urang. Tapi sok sumanget mun keur ngabahas masalah sastrana, utamana puisi, ari olah tubuh jeung olah vokal mah rada meunteugeug ah. 
Urang balik deui ka sakola, loba pisan sababna, baheula sok ka sakola teh resep ka Si Rosdiana. Lucu euy. Riweuh. Ngomong saceplakna. Tapi hanjakal euy cinta urang ditolak, jadol teh. Teu kasep cenah urang mah, geulis. Atuh urang pundung ti harita teh. Sajoroning nyeri ku ditolak, katambah Si Rosdiana ngomong kitu. Heureuy majar teh. Memang kitu adatna, tapi asa kalalanjoanan. 
Kungsi manehna menta hampura ngeunaan guyonanana, nya dihampura waelah teu matak bohak ieuh. Tapi keukeuh ari cinta urang mah teu ditarima. Ah da era, pundung wae sakali mah.
Saprak urang ninggalkeun sakola, urang jadi teu puguh gadag. Bayangkeun we atuh ku maneh, geus kaluar SMA, teu meunang gawe. Rek kuliah timana hordeng, keur waragad kolot urang ngan ukur ngandelkeun tatanen, wah, mejus. Pirang-pirang ketah urang disakolakeun tepi ka SMA oge, sasatna lanceuk-lanceuk mah ukur tamatan SD. Tapi urang, bisa ngasaan diuk dina bangku SMA siga harita. 
Sabenerna urang pernah getreng jeung lanceuk nu adek alatan urang hayang sakola, pajar teh kaolok-olok biaya cenah sakola luhur-luhur, tuh nu sarjana oge, balik deui ka imah bari ngahintul, moe pare nu kolotna atawa macul mun seug usum nyawah.
“Nya kumaha nasib atuh” cekeng teh. Pek teh enya wae kabuktian geuning ayeuna, urang jadi pangangguran, teu kaditu teu kadieu aya kana sataunna ti sanggeus lulus teh. Nya tungtungna mah balik deui ka sakola mantuan kang Ridwanlatihan Teater sasatna urang alumni jeung masih keneh babagian tina komunitasna. Daek we deuih, da rek panggih deui jeung maneh. Ari pek euweuh. Antukna resep ka Si Rosdiana. Ngalatih mah teupaduli teu digajih ge, asal ditraktir weh mun hayang dahar atawa ngaroko. Ah dasar atuh ku cinta mah poek, tepi ka ditolakna. Pundung weh, tapi Kang Ridwankungsi ngontrog majar teh epes meer. Ari kitu tea mah heueuh mun dipikir-pikir mah. Kararesel deuih. Ning Si Rosdiana ge sok nanyakeun urang, cenah. Wajar wae meureun ngarasa kaleungitan, teuing ngarasa dosa mah nolak urang. Tapi moal mungkin. Da manehna mah pengkuh dina alesan matak nampik teh, cinta mah teu beunang dipaksakeun cenah, bet papakean oge teu meujeuhna mah tara dipake? Neangan deui we nu lian. Kitu lin?
Kekecapan Si Rosdiana ku urang dipikir dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun. Kapikiran oge. Era. Make jeung pundung sagala rupa, ngewa teuing siga nu delitan. Ditolak mah wajar resiko lalaki. Tuluy menta dihampura. Ah tamba teuing era bae rek bisa ngobrol deukuet deui. Ning manehna ge rumasa salah nolak urang teh, najan angger moal narima. Nya enggeus wae urang duduluran majarkeun teh.
Urang bisa narima kana kaayaan ieu, sabab di sanggar teh aya budak anyar nu teu kungsi wanoh basa urang sakola keneh di SMA, Nespi cenah ngaranna. Saruwa kelas dua, sakelas jeung Si Rosdiana, --jeung maneh meureun mun masih keneh sakola dideu mah, Nda. Geulis. Ngimbangan ka Si Rosdiana mah. Ngimbangan maneh oge. Buukna meh sarua, galing gede. Panonna seukeut si ieu mah. Hideung lir empang, palebah gadona handapeun biwir aya karang sagede lampu deukeut tombol CPU. Ah keun bae antep tong dideukeutan bisi kaulang deui kajadian anu geus karandapan jeung Si Rosdiana.
 ** 
 Urang datang ka sakola sabihara-sabihari. Jongjon ngalatih mantuan kang Ridwanan. Geus rengse tuluy balik ka imah atawa mun ulin-ulinan, ukur ka imah Kang Ridwankitu oge jeung barudak.
 Tapi hal ieu teu bisa lila, buktina dua poe katukang urang reureujeungan jeung Si Nespi. Kaparengan. Swear. Hiji mangsa urang dititah meuli sapatu ku lanceuk keur budakna nu rek asup SMP, maklum budak hiji-hijina kahayangna kudu rada diperhatikeun. Tah basa cunduk ka toko sapatu, panggih jeung Si Nespi keur meuli peralatan sakola, atuh teu bisa majar kumaha, leumpang kudu bareng. Keur mah manehna menta dianteur deuih da ambeh aya batur cenah. Atuh geus rengse, balik ge bareng da sarua jurusanan angkot nu ditaekan teh. Sapaparat jalan ngobrol ngalor ngidul ngeunaan kasang tukang manehna. Cenah, manehna teh pindahan sakola ti Sumedang. Pindahna naek ka kelas dua, pantes wae teu kungsi amprok jeung maneh, Nda. Pan taun eta teh maneh ngiles teuing kamana. Ah dasar atuh kudu kieu meureun. Urang kudu kaleungitan maneh. Aneh deuih euweuh kabar maneh mah indit teh. Padahal ayeun geus sagala canggih, nga-SMS-lah, aeh urang na ge teu boga HP ketah, atawa naon lah. Tapi urang asa manggih deui maneh tepung jeung Si Nespi teh. Asa aya gaganti.
 “Hayu, Kang Rifan, ka rumah Nespi heula. Wios butut oge atuh!” cenah mungkas obrolan. Ah teu hayang milu kana pangajak gatra. Nyaho lah urang oge ngomong hungkul. Tapi moal enya ngajak ka imah tepi ka dua kali jeung kamari.
 “Meunding Nespi anu ka bumi abdi, bade?” cekeng.
 “Hoyong! Seueur dawegan teu, kang?” jawabna rada ngareuwaskeun urang.
 “Nyondong sakalieun mah. Diantos wae!”
 Duh hanjakal, Nda, urang ngomong kitu. Isukna Si Nespi datang ka imah urang dianteurkeun ku Si Surya, adi kelas urang, kelas tilu, kaka kelas maneh. Wah, ieu mah daek teu daek kudu dibageakeun. 
“Assalamu’alaikum?” cenah basa nepi kana teras imah teh. 
“Wa’alaikum salam” cekeng bari rada ngajenghok. “Uyuhan hoyong nganjang ka dieu, ih!” sambung teh bari rada muncereng ka Si Surya anu rada ngabelehem bari leos weh muru ka jero. Sup ka kamar, goledag dina pangsarean. Heueuh geus kitu adatna si eta mah ka urang teh, asa ka lanceuk meureun. Keur mah urang ge teu asa-asa ka manehna jeung kulawargana teh, mindeng meuting deuih.
Si Nespi ukur imut diajak ngomong kitu teh. Neuteup seukeut ngageterkeun jajantung. Ray aya aura sejen tina beungeut anu teu kungsi lila tungkul. Hareupan urang rek bisa wawawuhan jeung manehna beuki gede, Nda, padahal urang sorangan marojengja mun seug kudu milih antara bogoh jeung heunteu. Heueuh salah deuih meureun urang teh bet ngomong ka Si Surya yen urang teh resep ka manehna. Teu dipikir ku urang teh, antukna kieu geuning ayeuna Si Nespi aya di hareupeun urang dibawa ku eta.
“Mangga ka lebet atuh, Nes!” cekeng ngamimitian deui ngomong. Bingung puguh ge naon nu kudu di lakukeun. Wawuhkeun kitu ka kolot. Enya sigana mah kapaksa. Tapi diakukeun saha nya, adi kelas kitu? Atawa langsung kabogoh? Da can tangtu jadi beubeureuh urang. Keun bae lah jadi naon urang we.
***  
JALAN K.H. SHALEH NO. 7. Teu lila Si Nespi di imah urang, hayang balik majarkeun teh. Bisi neangan indungna cenah. Geus diwawuhkeun ka kolot mah manehna amitan. Jam opat harita teh. Balik dianteurkeun ku urang da Si Suryana mah ngadon sare tayohna cape geus latihan, omongna mah.
Deui-deui urang babarengan jeung Si Nespi. Tapi ayeuna bet jadi pabetem-betem. Asa-asa rek kedal teh. Tungtungna manehna nu ngamimitian.
“Kang Rifan,...” cenah nyebut akang. Ilahar barudak komunitas teater urang mah ka saluhureun teh nyebut akang, ka awewena nyebut teteh. Keur mah di Cianjur geus umum ka saluhureun teh nyebut kitu. 
Urang teu ngajawab. Tuluy manehna neruskeun ngomongna.
“Kenapa kang, Nespi dibolehin ke rumah Kang Rifan? Katanya gak boleh ada yang tahu?” cenah make bahasa Indonesia. Pananya eta ukur dijawab ku seuri. 
“Kok, gak dijawab?” urang angger seuri. Bingung atuh da, Nda, naon pijawabeunana. 
“Eh, Kang, kenapa yah, aku ngerasa ada yang beda dari Kang Rifan antara ke Aku dan anak-anak yang lain?” hag siah, Nda, Si Nespi enggeus ngomong ka lebah dinya!
“Ah, biasa aja!” jawab teh pondok. Rada ngabohong euy puguh ari hate mah tagiwur. Naha budak teh loba tatanya? Siga waratawan bae. Tapi masih untung teu make rumus 5 W 1H oge. 
“Kang Rifan!” cenah teu euih-euih nyebut ngaran. “Nespi Mah ngerasa ada yang lain gitu dari Kang Rifan teh. Jadi penasaran uy!”
Urang keukeuh teu ngarti ku eta budak bet siga nu nyedek urang balaka. Nya tarimakeun we kudu jujur naon anu dirasakeun ku urang. Urang ngomong bogoh harita, Nda. Tapi aneh, manehna bet nutupan ceuli basa urang rek jujur teh. Seuseurian sagala rupa. Geus nyaho cenah tina kalakuan urang jeung sorot panon urang katambah Si Surya ngabejakeun tiheula. Tah matak tatanya teh hayang ngabuktikeun cenah, jujur moal?
Nda, sanggeus urang kedal kitu, pananya Si Nespi beuki loba. Murudul lir beas tina panggilingan. 
“Kang Rifan, naon sih da Nespi mah teu ngarti make resep ka Nespi sagala rupa? Naon sih nu matak kang Rifan resep rarasaan mah teu boga kaleuwihan. Teu kawas Si Rosdiana, Si Ulfany atawa nu liana?” 
“Naha nyariosna ganti jadi Basa Sunda?”
“Oh, enya Kang. Abdi teh teu bisa sabenerna mah basa sunda teh, sok kasar.”
Ukur diungklekan.
“Naha teu dijawab panaros Nespi, Kang?” 
“Oh, hoyong dijawab!”
“Ih, aing mah....eh punten kang. Tuh nya Nespi mah somperal. Naon atuh jawabanana, Kang?”
“Ceuk abdi mah Nespi anu gaduh kalebihan teh.”
“Emang Kang Rifan suka ka Nespi teh apanya gituh?”
Urang teu ngajawab da puguh beuki bingung ku pertanyaan-pertanyaan manehna anu teu kendat-kendat. Kakaraeun urang mah, Nda, manggihan budak awewe siga Si Nespi ayeuna.
“Memang sih, Nes, hak abdi gaduh perasaan kitu ka Nespi...” cekeng asa beakeun omongan.
“Enya. Bener! Tapi naha atuh resepna ka budak leutik kawas Nespi. Naha teu ka saumuran Kang Rifan? Meureun bisa leuwih ngarti ka Kang Rifan?”
Wah, Nda, curigana urang bakal ditolak deui cinta yeuh. Buktina Si Nespi ngomong kitu. Tapi keun bae hayang nyaho. Penta wae kaputusanana lah meh puguh.
“Atuh ulah ayeuna dijawabna nya, kang. Mikir heula atuh Nespina moal enya langsung prung weh ngajawab. Bere waktu lah saminggu!”
“Hah! Saminggu? Tong saminggu atuh. Besok lah!”
“Aduh, Kang, kumaha nya? Pageto lah!”
Urang sapuk oge jeung kaputusan manehna. Majar teh rada lila dijawabna ambeh urang tara bisa sare mun peuting-peuting sasatna inget ka manehna. Da manehna ge hese sare saprak inget ka urang teh, cenah. Teuing ngabohong meureun ambeh urang geer. 
*** 
 




Kaputusan 

SAKOLA. Ashar harita teh, urang digeroan ku Si Nespi ka mushola. Hate tagiwur puguh ge rek narima kaputusan ti manehna. Ti jauh keneh geus tembong. Diuk dina teras bodas nu rada ledok balas dipake sarsup barudak sakola nu sarolat unggal waktu. Tapi harita mah suwung sab nu lalatihan geus sarolat tiheula, keur mah ashar mah nu sarolat teh ukur nu lalatihan eskul sasatna nu lian mah geus marulang ka imah sewang-sewangan atawa taruluy ulin. 
Sanggeus deukeut, urang diuk hareupeunana. Sura seuri garo-garo teu ateul. Manehna neuteup seukeut, tuluy ngomong.
“Can start nya, kang! Solat heula mending, yu!” cenah ngajak solat nyahoeun urang can solat teh. Sanggeus ngomong kitu ragamang leungeuna kana tali sapatu, tuluy diudar sabeulah-sabeulah. Sapatu diteundeun sina nyanghereup ka luar. Jung nangtung, leumpang muru tempat wudu nu teu anggang ti tempat diuk bieu. Urang ngan ukur olohok. Asa teu loba omong ayeuna mah Si Nespi teh. 
“Enggal, atuh!” cenah sanggeus beres wudu. Kalacat unggah kana teras sup miheulaan. Urang ge nurutan muka sapatu tuluy wudu, unggah weh ka musola.
“Berjamaah, Kang!” pokna sanggeus urang aya di jero. 
Duh Gusti, asana teh geus jadi kulawarga sakinah mawaddah warohmah ningali kaayaan kieu. Manehna menta solat diimaman ku urang enya oge urang jalma bodo ku elmu jeung pangaweruh ngeunaan agama atawa darigama. Tapi manehna daek anut, tumut ka urang dina solat. Mudah-mudahan jeung dina sagala rupana. 
Salilana ge solat urang, teu leuwih ti lima menit. Tuluy ngadu’a badis we salaki nu diaminan ku pamajikan. Tuh geura, beres ngadu’a teh Si Nespi nyium leungeun urang bari leungeun manehna masih keneh di jero mukena oge. 
Urang kaluar tiheula, Si Nespi memeres heula mukena urut makena jeung ngarapiheun pakeanana –meureun da basa kaluar teh mani tembong rapih tur seger, cahayaan deuih. Buuk ge siga meunang nyisiran. Gek diuk gigireun urang bari ngagelenyu. 
“Sok Kang, mulai!”
Siga rek naon bae atuh make jeung nyarita kitu. Rek maen? Maen naon, tatarucingan? Apanana rek nyarita ngeunaan kekecapan anu sababara poe katukang diomongkeun ku urang. 
“Mangga, Nespi ti payun!” cekeng rada teu majusan.
“Aduh...gimana nya, Kang? Bingung....!” cenah rada ngahuleng sakeudeung. Teu lila kedal deui siga nu geus manggih piomongeun.
“Gini, Kang......mh...kalu, seandainya Kang Rifan, Nespi tolak, gimana? Apa yang paling pertama Kang Rifan lakukan?” cenah pegat-pegat. 
Nda, sigana urang ditolak deui ieu mah, anyar keneh Si Rosdiana ngaraheutan hate kucara nolak tea, piraku Si Nespi rek ngalakukeun hal nu sarupa? Jeung beuki bingung deuih urang mah nyanghareupan ieu budak, ngan tatanya bae kalakuanana teh. Leuheung pananyana mun teu matak sumeblak kana hate mah.
“Jawab atuh, Kang, kalah ngahuleng. Da teu butuh dihuleungan!” cenah ngagebah. 
“Oke, oke.....mungkin....emh...nya, naon, bieu, teh?”
“Tuh, nya, teuing ah!” 
“Eh,...sok pundung! Kumaha bieu teh. Oh...enya. Kumaha nya?” 
“Ih kalah malik nanya?”
“Oh, enya! Duh kumaha nya? Bingung.”
“Naha bet bingung?”
“Bae ketah, narima waelah da geus kuduna meureun!”
“Eh, sok pesimis. Nespi mah Cuma mau tahu doang.”
“Enya, ieu kabeh teh pan takdir. Geus diatur kunu kawasa. Meureun mun kuduna kitu, eta jadi hiji hal anu pang alusna keur hirup urang duaan.” Cekeng asa rada eungap.
“Oh, kitu nyah? Kumaha lamun Nespi narima? Jawab masing jujur!”
“Seneng atuh awalna mah.”
Si Nespi tuluy nanya alesan urang ngarasa bagja mun seug bisa ditarima ku manehna. Puguh atuh, Nda, sasatna urang anyar keneh nyeri hate ku Si Rosdiana tea, tangtu bakal manggih bagja saumpamana bisa kaganti ku Si Nespi.
Geus dijawab manehna kalah nambahan nanya deui. Cenah angin naon nu ngalantarankeun urang palid kana darmaga anu dijieun tina hatena. Resep kana naonna majar teh. Ah dijawab sagalana resep bae. Lamun resep kana salah sahiji tinu aya di manehna, meureun nalika euweuhna teh urang jadi moal resep. Mun resep kana jarawatna da nambahan geulis –tapi da moal aya, tuluy diubaran, euweuh weh pasti moal bogoh. Ah aya-aya wae.
“Ya, aku ngerti. Terus apa yang akan pertama kali Kang Rifan lakukan jika Nespi nerima Kang Rifan?” cenah nanya deui. Ayeuna mah make Basa Indonesia.
Ngajawab pananya kitu urang ngadak-ngadak asa jadi dewasa. 
“Yeuh, Nes, urang teh moal salalawasna jadi rumaja siga kieu. Hiji mangsa bakal dewasa. Terus bobogohan, tunangan –mun aya milikna. Tuluy kawin. Rumah tangga. Nanggung sagala rupa masalah hirup-huripna. Nganafakahan lahir jeung batinna, sapapait samamanis....” cekeng rad ngahuleng heula. Asa teu kapikir rek ngomong naon deui. Puguh ge urang teh ijid mun seug geus ngomong masalah kahirupan kolot. Utamana sual rumah tangga. Meureun tereh cetuk huis, jeung gampang ngariutna tarang teh. 
“Terus kumaha jawabanana, Kang?” 
“Emh, anu bieu ditataan, baris kaalaman, Nes. Lamun urang geus ngamimitian diajar ti ayeuna, urang moal soak teuing nyanghareupan kanyataan.”
“Naha?”
“Eh sugan teh ngarti. Anggap wae, anu rek dijalanan ku urang duaan teh, latihan seja nuju ka hareup”
“Ah, beuki teu ngarti, Kang. Naon atuh maksudna.” 
“Aduh, Nes, maenya teu ngarti keneh? Yeuh...!”
“Oh, enya, enya,...ngarti, Kang, ngarti.” Cenah unggut-unggutan bari rada riweuh. 
Teu cukup ku ngomong keudeung geuning cacarita jeung Si Nespi mah, Nda, kudu loba ngalor ngidulna. Leuhueng mun gampang ngartina manehna teh. Eta oge mun teu dipungkas ku omongan urang anu terus nananyakeun jawaban ti manehna teh moal eureun meureun. 
“Oh, iya, kita ngobrol teh buat ngebahas yang kemarin, ya, Kang?”
Duh Gusti nu Agung.
“Gini, kang, Nespi mau jawab.....maaf banget, punten pisan, Nespi teh gak bisa,...nggak bisa....” 
“Mangga, lah, teu nanaon. Moal maksa barina ge...”
“Punten wae nya, Kang, Nespi teh teu tiasa,...teu tiasa nolak, kitu.”
“Hah? Teu tiasa nolak? Jadi, kumaha?”
“Enya, Nespi nerima Kang Rifan dengan alasan, Nespi udah ngerasa cocok dengan Kang Rifan. Jujur, baru pertama kali Nespi menemukan orang kaya Kang Rifan.”
Nda, geuning Si Nespi mah bisa narima urang. Cocok majar teh jeung urang. Ah teuing da urang ge teu nyaho.
*** 
Sanggeus Si Nespi aya dina kahirupan urang, manehna mere nuansa anyar dina hirup urang ti mimiti tingkah laku. Kayaning kahengkeran urang bisa saeutik-saeutik dirobah jadi kawani. Urang nu pesimis jadi pinuh ku panghareupan. Aneh urang ge, Nda. Si Nespi teh pangawak awewe, lain? Tapi bisa saeutikna mawa hirup urang anu asalana kawas awewe jadi lalaki. 
Memang manehna awewe. Dedeganana lumrah jeung batur. Beungeutna geulis, --ceuk urang sasatna bogoh. Ngan eta buuk dibeungkeut bae, embung dirumbaykeun teh asa awewe cenah. Kajeun ah. Da teu ngurangan kageulisan. Tuh sarua siga batur. Ramo-ramona mah lalencop, awak ngabentuk, dada oge munuu teu rata siga urang. Tapi naha manehna sakapeung bet sok ngewa kanu ngaran awewe teh. Majar pikasebeleun. Cunihin. Lamun mandi, ngoyok di cai teh teu sirikna sagala dikumbah. Tepi ka meakeun waktu keur batur. Geus mandi teh dangdan deuih. Make wedak, parfum, blash on, lips stick, nyatok buuk jeung halis, aya deui nu leuwih ogoan make Soft lens jeung ngawarnaan buuk ambeh jiga urang bule. Ngaca ge teu sirikna sagala ditilik da bisi aya nu kurang. 
Simpel we jadi jalma mah. Asal berseka. Awak cukup mandi jeung make panyeungit ge cukup. Beungeut cukup ku pemersih muka. Teu, teu butuh ku UV Protect cenah. Teu butuh lotion. 
Urang oge ngarasa aneh puguh, Nda. Dina papakean oge manehna resep cara lalaki. Kaos oblong. Calana jeans pondok, jeung training. Make rok teh hese cenah ari lain rok seragam SMA mah. Teu bebas lamun rek najong baturan atawa naon bae anu ngahalangan jajalaneun. 
Ngaroko oge osok basa keur di Sumedang keneh mah. Teu rek kitu kumaha atuh sasat hirup gaul jeung lanceuk lalaki manehna adi hiji-hijina. Nyaheun pisan majar teh nu matak dibabawa kamana kamendi ge. Tepika papakean ge dipangmalirekeun ku manehna. 
Ayeuna Si Nespi panggih jeung urang, jalma hengker tur cicingeun. Teu resep kanu ngarana gaul kawas manehna. Tong boro jadi anak funk, ngaroko ge tara da teu meunangeun ku kolot samemeh bisa ngala duit sorangan mah. Komo mun tepika mabok jeung ditato. Padahal ayeuna mah nu kitu teh geus jadi live style. Tuh tingali budak tatangga anu umurna karek lima welas taun, geus nyaho kahirupan gaul tayohna kungsi hirup di Jakarta najan kuli kukumbah piring ge di lestoraan bangsa deungeun oga. Irung di tindik, buuk beureum. Asa teu nurub cupu, da mun ditalek make Basa Inggris mah siga nu dicoco eureup-eureup, arapap-eureupeup puguh ge ukur tepi ka kelas dua SD. Ninggang balik ka lembur, embung nincak deui leutak sawah, hayangna nyekek botol bari agul najan ukur intisari (punten nyebut merek) padahal eta mah jajamu keur ngahaneutan awak. Padangkrang-pedengkreng sisi jalan, ninggang di nyeri huntu mah aeuk-aeukan. Diomongan ku indung atawa dulur, nambalang kumaha aing. –na make kumaha aing sagala da dicukur mah angger ku batur. 
Majar teh gaul, ceuli diantingan asa gagah. Lain nu dianting mah awewe jeung waria? Urang ge lamun rek gagaulan siga kitu mah dianderok we, sarua keneh ieuh, moal-moal nyeri kawas ditindik. Ning sok tuluy borok ceulina teh da tuluy infeksi. Gudawang weh tungtungna mah. 
Ah mangsa bodo ketah, eukeur-eukeruna. Hak manehna. Teu hayang pipilueun kana urusan privacy . Moal ngalanggar demokrasi. Asal ulah haru ganggu we da boga jalan hirup masing-masing. Manehna-manehna, urang-urang. Tapi naha atuh urang ayeuna geuning siga nu kapaksa kudu wawuh jeung ligkungan kitu. Heueuh pan Si Nespi teh salah saurang di antarana budak gaul. Ceuk manehna mah hirup teh keur dipake senang. Meungpeung ngora. 
Urang jadi biluk, Nda. Ku cinta meureun. Padahal cinta nanahaon nu ngorbankeun privacy. Urang ayeuna ngalaman nu ngarana bobogohan versi post modern – meureun. Urang ngalaman ciciuman, tatangkeupan bari teu nolih kaayaan urang dimana. Mimiti urang ngalakukeun di kamar Si Dina, tuluy ka dituna di kantin sakola, di lorong WC, di tukang sangu goreng. Jadi teu ragab. Hiji mangsa urang balik kapeutingan tas malem mingguan ti puncak, nyimpang ka babaturan Si Nespi di Cipanas, urang sare sakamar. Nyaho meureun kumaha hawa di eta tempat, tiis jeung wegah pikeun iinditan. Antukna urang sare jeung Si Nespi bari teu daek reup bae lian ti silih rungrum ngusir hawa tiis anu beuki nyelecep kana awak ka peutingnakeun teh. Awak raket. Ngahiji. Leungeun jeung leungeun. Beungeut jeung beunguet. Hate jeung hate. Hegak nafas nu ngaharoshos ka ambeu. Tep, biwir paantel. Nafas beuki ngahegak. Tiis mimitina mah, tapi terus ngahaneutan. Geus kitu tuluy aya nu motah ti jero biwir Si Nespi. Kuurang dilawan kucara nu teu beda. Sira teu cicing. Sakapeung dengdek kenca katuhu, sakapeung muir neangan kasaimbangan. Kesang laat-leet maseuhan dada jeung tonggong. 
Nda, mun dipikir ku akal sehat mah teu beda jeung sato urang teh. Geu puguh atuh dina omong-omongan mah, urang jeung Si Nespi teh teu pantes dipake ngomong ku pelajar. Sasat dina waktu bobogohan oge teu kungsi urang ngomong romantis, ngewa cenah. Lain teu hayang urang ge nyebut Say, Ayang, De, Dinda, Cin, jste. Majar teh mun nyebut say, asa nyebut ka tukang sayur. Yang, loyang cenah. Terus mun nyebut Din, tina dinda, bisi nu nyampeurkeun si Udin. Lamun cin, aya pecin.
Ah geus wae nyebut maneh. Najan manehna nyebut Kang Rifan atawa akang ge. Enya kitu oge mun jeung keur aya batur. Sopan saeutik kawas urang milih nyebut ngaran nalika loba batur mah. 
**** 



Kamar Hareup

Sagala nu kumlendang di alam dunya diatur ku Dzat anu kawasa, Alloh Swt. Hiji-hijina mahluk geus ditangtukeun titistulisna. Aya jalma anu kudu lolong. Bonge. Pireu. Tanpa daksa. Tapi aya oge anu jadi bentang felem. Penyanyi. Wartawan. Sastrawan. Pilot. Pragawati jeung nu lianna anu sakabehna eta boga catetan kahirupan sewang-sewangan. Lian ti eta nasib teh kudu dijalanana ku diri sorangan, rek dina bungahna atawa sedihna. Mampu teu mampu. Tapi nu kangaranan profesi bari dipikahayang mah, manehna sorangan geus bisa ngijir tepika mana kamapuhanana dina ngajalanan hirupna. 
Tuh tantara contona. Manehna wani perang, teu paduli dirina baris salamet atawa kumaha, nu jelas manehna percaya diri mampu ngalaksanakeunana. Tapi urang mah sigana moal kuat, da lain bagianana. Mun ceuk basa kolotmah ain tukangna. Ari urang tukang naon atuh, kasab teu boga. Puguh ge luntang-lantung satamatna sakola teh. Jadi pangangguran. Boga kabogoh ka adi kelas anu teu dipiwanoh samemehna. Geus kitu ngajalanan kahirupan anyar jeung manehna anu urang sorangan ngarasa seunggah. Cinta nu dipilampah ieu ngadatangkeun bancangpakewuh keur diri urang katut Si Nespi sorangan. Urang teu mampu meranganana. Komo tepi ka ngelehkeuna mah. 
Kitu deui Si Nespi, hiji mangsa manehna ngomong hayang dibawa indit ka guha anu teu kasaba ku jalma. Urang jeung manehna di dinya taya nu ngaharuganggu. Hiji guha anu caang ku cahaya duriat, teu boga lawang anu bisa dipake kaluar ka jero sab pantona geus ditutup ku padung jeung taneuh beureum. 
Kuburan, cekeng teh. 
Heueuh, majar teh. Manehna mah ngahareupkeun pisan lamun cinta urang jeung manehna ditungtungan ku pajaratan. Dikubur dina hiji lomang anu sarua. Ambeh bebas. Peupeuriheun ayeuna, keur hirup hese pisan keur bareng teh. Teu kawas mimiti urang bisa deukuet unggal waktu sanggeusna Si Nespi sakola. Ayeuna mah teu kitu, Nda. Urang jeung Si Nespi jadi arang panggih sanggeus katohian ku Bapa Si Nespi nu cenah panceg nyepeng agamana. –tapi naha Si Nespi mah siga anu teu meunang didikan bapana? 
Sabenerna kanyahoeun ku Bapa Si Nespi teh alatan loba batur nu ngaromong ngeunaan urang jeung manehna. Moal enya cenah putri ajengan sok ameng-amengan sareng pameget!
Tah geus nyahoeun kitu mah Si Nespi jadi diatur pisan sapopoena teh. Geus sakola kudu tuluy balik ka imah. Mun elat ti jam dua geus pasti disusul ka sakola. Teu meunang nu ngaranan ulin teh. Dina waktu rek tepung jeung urang ge ayeuna mah kudu loba nyieun alesan jeung ngabohong, rek ngerjakeun tugas kelompok tea lah atawa rek renang lah. Kitu oge sok hararese. Ditanya jam sabaraha beresna? Dimana? Ke dipapagkeun cenah. 
Urang jadi lieur euy. Diditu didieu, ampir di unggal tempat loba jalma mata-mata. Lamun pareng nu nempo urang reureujeungan jeung Si Nespi geus tangtu dilaporkeun ka bapana. Anu, anu, anu,...sok ditambahan sagala rupa ceuk Si Nespi mah nu matak ngajadikeun amarah Bapana ngagegedur. Leuheung mun saukur hahaok polotot, pan ieu mah sok dibarengan ku gampleng jeung gaplok. Pipi nu ku urang mah ditatap diusap bari sakapeung dicium teh ku si haram jadah mah ditampiling. Lain kitu ceuk sakanyaho urang mah ngadidik nu jadi anak teh. 
Ngomongna mah lain ulah boga kabogoh ka urang, tapi pidorakaeun cenah nu dilampahkeunana. Nyaho urang ge kana hal eta. Nyaho deuih ngewa mun awewe nyampeurkeun ka imah lalaki keur di kampung mah. Heueuh bisa disebut kampung, Cianjur mah najan di kotana oge.
Teu lumrah cenah ulin kamana karep silih sangkeh jeung pacepeng-cepeng leungeun. Mun leumpang asup kana gang sok rajeun dahar es bongbon hiji kuduaan bareng ngolomohna. Wajar teu?
Urang oge sabenerna mah teu diwidian ku kolot bobogohan jeung Si Nespi teh. Mun sakapeung hayang malem mingguan teh sok ngabohong rek ngendong di imah Kang Ridwan, aya acara cekeng teh. Nya eta oge sok omat-omatan ulah ulin teu pararuguh komo peuting-peuting jeung Si Nespi mah. Ulah pisan. 
Duka teh teuing naon alesanana. Nu puguh mah maranehna kungsi ngomong bisa ngidrok kumaha kalakuan Si Nespi. Bangor majar teh. Moal pibenereun. Teu pantes budak awewe datang wae ka imah lalaki. Urang kungsi dicarekan ku Apih alatan disampeur ku Si Nespi ulin bari tuluy kalalanjoanan. Indit sore balik-balik isuk bari leumpang dadaligdeugan, mata beureum, ngomong ngacapruk, sungut nyegak bau alkohol. Badis we nu mabok. 
Nda, pasti maneh boga pertanyaan naha baheula mah Si Nespi teh sakitu bebasna ulin-ulinan. Gaul. Budak distro lah, anggota fans grup band. Eta baheula samemeh indungna kawin jeung bapa tere nu ayeuna. Ning kitu kalakuanana teh. Siga enya wae ajengan. Padahal cuih teu sudi najis manggihanan ge. Teu bijak. Hirup ukur nyalindung ka gelung. Nyumput dina hiji ngaran nu nelah agama. 
Heueuh geuning jaman ayeuna mah agama teh loba dijadikeun tameng pikeun ngangon nafsu amarah. Teu ngaragap angen sorangan. Teu paduli batur ditincak hulu. Dirugikeun. Da keukeuh embung dipenta parurugi mah. Nyaho teu, Nda, Bar di Cipanas nu diawut-awut ku abrulan santri anu cenah ngaberantas maksiat. Nanjeurkeun agama Alloh. Jihad. Teu sadar geus merangan dulur salemah cai. Papada islam deuih. Na taya deui cara sejen keur ngungukulanana?
Watir urang mah, Nda, watir ka bangsa Indonesia anu silih ancurkeun papada wargana. Ceuk deetna pamikiran urang, rek jihad anu bener-bener mah tuh indit ka Palestina nu geus bukti dikekeyekna ku Bangsa deungeun anu teu saiman. 
Ah, Nda, urang mah teu hayang ilu biung kana urusan nu kararitu teu nyaho dalilna. Bisi salah, keh urang digolongkeun ka jalma anu kudu diberantas. Kudu diperangan. Mikiran diri sorangan ge mejus. Ngomong soteh kamaneh we hungkul dumeh asa lain ka batur. Katambah urang boga pasualan jeung jalma anu teu luyu jeung hate urang ngeunaan masalah agama nu dipake tameng pikeun ngahalangan cinta urang jeung Si Nespi. 
***
“Tok! Tok! Tok!” sora panto kamar aya nu ngetrokan. Wah sigana indung atawa bapa urang, Nda.. Aya perlu sigana mah. Geus heula nya cacaritana, ke disambung deui mun geus euweuh kolot urang. 
“Lebet!” cekeng. Panto ngareket, breh kareret Umi muka keun panto. Buku ribut diperenan. 
“Keur naon, Fan?” Umi naros bari nyaketan.
“Ah, biasa wae Mi. Nulis.” Jawab teh pondok.
“Hantem bae nulis. Jadi duit oge hanteu. Heug nulis naon?” tarosna.
“Carita, Mi.”
“Wadul, carita mah.” Tempasna. “Kumaha ngalamar gawe teh?”
“Nu mana tea, Mi?”
“Eta, nu rek jadi guru tea?”
“Oh, atos, kantenan wae.”
“Atos naonana?”
“Muhun ngalamarna. Ari testingna mah engkin dinten senen. Aya naon kitu, Mi?” cekeng dibarung kupananya.
“Taya nanaon. Nanya hungkul.” Saur Umi. “Kieu! Isuk Rifan kudu ka Cipanas.”
“Bade naon kitu, Mi?”
“Anteurkeun duit ladang kalapa ka Haji Sadili! Daek heunteu?”
“Mangga, Mi.”
“Heueuh. Yeuh ongkosna. Mahikeun wae!” saur Umi deui. Tos masihkeun artos mah Umi kaluar deui ti kamar.
--Tuluykeun deui nya, Nda.
Urang dititah ka Cipanas nganteurkeun duit bogana Haji Sadili dunungan kolot urang. Manehna boga sawah jeung kebon anu diurus ku kolot urang. Hasilna dibagi dua bari tara nyaho kumaha ripuhna digawe di sawah.. Nyaho merekis weh sakuna. Sedengkeun kolot urang, hasil ti dinya teh dipake deui ngurus sawah jeung kebon. Bulak-balik dekok. Ukur bisa dahar. Coba wae bayangkeun sabaraha harga berak di toko-toko. Sakarung berak teh sarua jeung sakwintal pare. Encan kudu disemperot lamun parena loba hamaan siga simeut, kungkang, bolokotono jeung hileud. Keur leutik sok ku keong mun masih keneh aya caian mah. Ayumaneun pan tateh. Binih kudu meuli mun teu sadia mah. Sok watir sakapeung mah, Nda, mun nitenan kaayaan kolot urang. Paling ripuh mun usum nyawah datang halodo panjang. Sok gagal panen teh da pare na teu jadi atawa daun-daunna teh parerang balas kapanasan. Taneuh mah bareulah.
Ah, Nda, sok kalahkah lieur nginget-nginget nu kitu teh, nu matak urang mah hayang boga kahirupan anu lian. Matak urang hayang sakola SMA teh hayang boga pagawean anu beda jeung kolot urang katut lanceuk-lanceuk urang. Embung urang mah jadi tukang tani. Ripuh. Lain ogoan. Tapi urang boga awak epes meer, teu kaopan cape gawe, tik-tik brek. Meus-meus gering. Nya eta pisan anu matak urang diijinan sakola ka SMA teh. Sugan jeung sugan cenah bisa meunang pagawean anu teu ngures tanaga teuing. Peupeuriheun di kantor bari nyanghareupan komputer mah kudu kuliahna oge minimal Diploma III. Atuh jadi-jadi kasir-kasir supermarket cenah, atawa gawe di pabrik anu gajihna lima ratus rebu.
Hahhh! Nda, ning hirup teh teu sagampang nu dibayangkeun. Teu kawas dina carita anu dijieunana ku sorangan. Sangeunahna nu ngarang. Teu siga anu dicita-citakeun baheula keur SD, urang hayang jadi pelukis anu karyana kasohor sadunya. Ning ngagambar teh hese. Nya keur SMP mah urang teh hayang jadi guru da geunah tinggal nungguan gaji. Gawe sarua jeung nu sakola ti isuk nepi ka beurang paling elat oge jam dua mun ngajarna SMA, da SD mah semet jam dua belas ge paling elat.
Jadi guru kapikir deui kudu boga gelar es hiji (S1) da hayang ngajar SMP jeung SMA, embung ngajar SD mah. Rujit. Antukna ganti kahayang. Urang jadi kabita ningali batur nu jadi wartawan atawa penyiar radio. Nya kusabab eta urang ngaaktifkeun diri dina majalah bulanan nu diayakeun ku sakola urang, maneh oge macaan geuning tulisa-tulisan urang. Heueuh cerpen jeung puisi da berita mah arang pisan nulis. Ripuh geuning ngumpulkeun data keur tuliseun teh. Kudu wawancara jeung ula-ilu. Pernah eta oge urang ngudag-ngudag bupati ka DPRD bareng jeung wartawan enyaan anu sagalana siap ti mimiti recorder tepi ka digital cam-na. Ari urang puguh ge teu dibekelan nu kitu ti redaksi teh, nya kapaksa ngandeulkeun note book bari kalah lieur rek ngagunakeun stenografi oge, ah nulis we sakasampeurna.
Ah, ripuh deui wae jalma miskin kieu mah rek nanon ge. Era deuih. Tapi leuwih era basa urang nyobaan ilubiung di Radio Saturada seja siaran jadi wawakil sakola. Uh gararaul pisa, Nda. Dina masalah papakean oge ning marake baju distro, ari urang kaos jeung calana ge sapuratina. Uyuhan atuh sataun sakali ge henteu, ganti baju teh. Antukna urang panggih deui jeung nu ngarana minder. Langka weh kadinya teh, keur mah geus kelas tilu sibuk nyanghareupan ujian nasional, ah geus wae sina digantian ku barudak ngora kelas dua jeung kelas hiji.
***



Cipanas

Isuk keneh basa rek indit ka Cipanas teh sabab hayang ulin ka Radio Trisara rek manggihan Si Risna anu kungsi babareungan siaran di Radio Saturada tea. Ayeuna manehna kapake jadi penyiar teh sasatna boga talenta dina widang eta. Lian ti bawel teh manehna mah boga penampilan anu luyu jeung dunyana. Atuh papakeanana oge jauh beda mun dibandingkeun jeung urang mah. Basa Inggrisna lumayan lancar deuih, teu kawas urang ngan pasih dina permasalahan grammer kayaning tenses jeung perubahan kalimat aktif jadi kalimat pasif, atawa direct-indirect sentences, jste. Teuing naon alesanana matak kitu teh nu puguhna mah urang langka ngagunakeunana keur ngomong sapopoe. Ah, mending kursus hayang lancar pisan mah.
Ckiiiiiitttt!
Angkot nu ditumapakan teh eureun. Kalacat hiji budak awewe saumuran urang unggah. Gek manehna diuk gigireun urang. Sidik urang mah wawuh ka eta jalma teh, tuluy ditepak tuurna. 
“Rosma!” 
“Eh, maneh, Rifan. Rek kamana?” omongna sanggeus sidik urang nu nepak.
“Ah, rek ulin!” jawab teh pondok
“Sorangan?”
“Maneh oge teu jeung sasaha?”
“Bae atuh! Eh kumaha jeung Si Nespi, aman? Bapana nitah maneh ka imah geuning. Talatah ka urang.” Cenah ngarereuwas.
“Wah, nu baleg? Rek naon nya?”
“Serius. Maneh boga salah meureun, mun teu kitu oge rek dikawinkeun siah!” Si Rosma ngaheureuyan. 
Urang kalah reuwas jeung hariwang sab Si Rosma langsung nu katalatahan teh. Heueuh sasatna manehna teh masih keneh katalian ku dulur jeung Si Nespi teh. Lian ti eta urang kungsi kahutangan budi ku Si Rosma basa mimiti bobogohan teh di imah manehanana.
Kekecapan Si Rosma jadi muter dina sirah. Pipikiran jadi ngalayang ngira-ngira naon nu bakal kajadian. Naon nu rek dilakukeun ku bapa Si Nespi. Moal enya rek dikawinkeun mah, jeung saha? Jeung urang? Nitah enggeusan kitu? Atawa rek ngawarah urang, ngajarkeun bobogohan? Atawa rek nampilingan urang pedah Si Nespi sok ulin ka imah urang, pan sakuduna mah urang anu ka imah manehna. 
Ah teuing atuh!
*** 
Lengkah nu rada beurat terus maksakeun nikreuh mapa-mapay jalan leutik. Sisi-sisina kebon enteh ngabageakeun lir ngabubungah hate. Hejona ngemploh mere waas kana panineungan nu cik keneh meunang paneumbrag. Hawa tiis nyelecep kana dada teu beunang dihaneutan ku panonpoe nu susulumputan dina mega. Angin ukur ngadalingding mapaes pikir nu teu puguh keur inget kana naon, manehna teu bisa niup karungsing dina batin jeung katunggaraan nu dijieun sorangan dina jasad.
Kacape leungit maluragan maturan jalan nu nyumputkeun rusiah muragna cai hujan tadi peuting. Breh sakapeung kagambar beungeut Si Nespi seuri dina kongkolak panon. Tapi sakdet netra ilang. Leungit. Ganti ku beungeut bapana nu tutunjuk ka Si Nespi, sakapeung ka urang. Urang jeung Si Nespi ngeluk lir bueuk meunang mabuk. Ras inget ka maneh Unaida, anu ngan ukur marengan urang dina sawangan. Sakapeung datang mun urang keur ngalamun atawa sare. Ngimpi. Taya padulina pisan ka urang teh maneh mah. Tapi ah maneh mah da puguh ngan ukur jadi piguran dina kahirupan urang oge. Batur ngalamun. Ubar kasono mun urang inget kana mangsa nu geus kalarung. 
Huhhh. Teu karasa tepi kanu dijugjug. Urang laha-loho ka pipir sabab nempo tepas suwung. Tapi weleh taya sasaha. Keur arindit meureun jalma teh. Pamohalan ditungguan oge, mending balik. Tapi kamanakeun ieu duit nu diamplopan. Dasar atuh kolot teh boga dunungan meni asa sarua sangsarana. Mun muka rekening di bank moal kudu nganteukeun atuh ka imahna, tapi ka bank weh asupkeun kana rekeningna. Ari ieu kudu wae di dugdagkeun. 
Ah. Moal leungit meureun mun seug di asupkeun ngaliwatan erang-erangna oge. Heueuh ah. 
Hate galecok sorangan. Geus kitu mah leos weh indit ninggalkeun eta tempat. Leumpang ngaliwatan jalan nu tadi. Bet jadi hoream rek ka Si Risna teh. Teu mood. Ah mending ge balik deui ka imah. Rek ngalamun. Rek mikir. Neangan jalan kaluar tina permasalahan urang jeung Si Nespi. Kudu kumaha pialuseunana. Urang yakin kabeh masalah baris aya jalan keur ngungkulanana. Kapeurih jeung kasusah moal salalawasna marengan tapi hiji mangsa mah baris ilang tur teu tepung deui. Buktina baheula urang kungsi boga masalah jeung Si Nespi anu rada lumayan gede. Nu nyababkeunana mah kalakuan urang. Harita karek saminggu bobogohan. Urang ngalamar jadi sales di hiji perusahaan swasta, nu boga ngaran CV MELVYN, tuluy ditarima gawe. Tapi urang teu bebeja ka Si Nespi urang gawe. Atuh puguh wae leungiteun sab arang kaimah Si Nespi, mun seug pareng manehna nu ka imah urang, urang suwung. Nya atuh Si Nespi ambek pisan, majar teh siga nu teu paduli ka manehna. Leungiteun cenah. Kangen. Sono. Malum ceuk barudak ayeuna mah karek jadian. Wajar deuih can papada ngartikeun. Can apal kana kalakuan urang. 
“Kang, sing bener coba jadi jelema teh. Sangeunahna wae indit-inditan. Siga hayam teu kanyahoan leosna. Bebeja-bebeja atuh moal leungiteun meureun urang teh. Ieu mah siga nu teu boga tanggung jawab pisan.”
Diomongan kitu urang ukur bisa neuteup kana panonna anu rada ngeyembeng.
“Yeuh, Kang, saumpamana akang teh boneka, rek dibabawa ku Nespi mah kamana wae indit. Ditatangkeup. Lamun teu butuh Akang mah, ti kamari ge geus niat rek megatkeun. Tapi dipikir deui, piraku istana anu kakara diadegkeun dina hate urang rek diancurkeun deui kitu wae ku perkara anu leutik. Anu teu pira. Nespi mah bener-bener kuciwa ditelantarkeun kieu teh. Ari Kang Rifan nyaak teu ka Nespi? Butuh teu? Bogoh keneh teu? Kang Rifan mah siga nu geus embung paduli....”
“Enggeus atuh”
“Kang, mun teu diomongan mah Akang moal nyadar, moal robah.”
“Enyalah urang salah!”
“Reungeukeun, Kang! Najan anyar keneh urang bobogohan, Nespi mah geus boga tilu akuan ka Kang Rifan teh : hiji, kang Rifan teh kabogoh Nespi. Dua, kang Rifan geus dianggap kulawarga Nespi. Tilu, imam. Nespi rek turut ka Kang Rifan dina nyorang kahirupan. Dibawa kamana wae ge pek teh teuing. Ulah macem-macem, kang!”
Urang ngarasa era dikitukeun ku Si Nespi. Asa leuwih dewasa manehna dina masalah nu kieu mah. Aya nu teu genah deuih kadenge ku urang mah, kekecapan manehna anu nyebutkeun nyeri hate.
Saumur hirup jeung saumur boga kabogoh, taya hiji ge nu nyebutkeun nyeri hate lian ti Si Nespi. Sok mun rek ditata hiji-hiji ti mimiti Teh Yanti –puguh ge saluhureun, Si Ani, tuluy Si Dhea, Tanteu Nuri –kungsi boga kabogoh ka tanteu-tanteu, Si Nurhayati, Si Yenny, jeung nu lainna nepi nu ka tujuh welas Si Tasya, maranehna akur keneh jeung urang najan geus teu boga kakaitan oge. Sawareh jaradi sobat akrab jeung tempat curhat. Teu karagok deuih jeung kulawargana oge. Si Nurhayati contona. Urang mindeng ulin di imahna. Ka indungna asa ka indung sorangan. Betah wae urang mah mun geus ka imahna teh, soh pada ngaku keneh. Katambah Si Fitri, adina geus gede ayeuna mah geus kelas tilu SMP, tembong we leuwih geulis batan lanceukna. Someah deuih ka urang teh. Mun pareng Si Nurhayati euweuh, nya manehna pisan nu ngabaturan. 
Hahhh! Dasar lalaki, teu kaop papanggih jeung nu mencerang sok jorojoy aya rasa. Aya hate kadua leutik. Tapi teu nepika kedal ngomong bogoh. Era temenan. Meureun cenah bolay jeung lanceukna teh kagembang ku adina. Pimanaeun teuing erana. Rek dimana nyumputkeun hulu. 
Ahhh! Jadi ngalantur kamana mendi ieu teh.
Balik deui kanu tadi. Geus kitu urang menta hampura. Tuluy jangji rek ngomean naon anu ayeuna dianggap salah. Si Nespi ngahampura deuih. 
Heueuh, gampang cageurna mun masalah datang ti pada urang mah.
***



Bebas

Balik ka imah. Dasar ucing. Teu ngaragap pisan urang bingung teh. Anggeur we ngajak eleg. Noelan. Dibaledog ku sapatu teh kalah digabrug, baruk naon? Digegel deuih. Euh! Neuleu siah. Rek ngalonyeng hareupeun urang? Teu lucu, teu. Teu hayang seuri deuih!
Tapi ah, ngarana ge ucing. Ngahibur meureun ti dituna mah ngambeh urang teu stress. Heueuh stres ku Si Nespi apanan. Urang teh bogoh teu nya, ayeun? Memang baheula mah boga Si Nespi teh asa boga naon mah. Beda tinu lian. Sieun kaleungitan teh. Tapi ayeuna bet asa hoream sanggeusna tinemu jeung masalah nu siga kieu. Jadi teu sumanget. Hanjakal. Mun baheula teh leupaskeun. Ridokeun basa Si Rizki bogoheun. Tapi ku urang kalah dicarekan. Si Nespi ambeukeun deuih sab sobat deukeutna cenah. Piraku sobat tepika babarengan di unggal waktu. Teman tapi mesra? Ah da harita mah can aya lagu eta. 
Urang teu genah loba barudak anu ngaromongkeun. Kungsi urang oge nempo manehna paduduaan jeung Si Rizki teh di perpustakaan, tapi teu dianggap nanaon sab urang nyaho manehna mah babaturanana lalaki hungkul. Ngan manehna terus terang Si Rizki bogoheun, jeung manehna embung nguciwakeun nu jadi babaturan. 
Ceuk urang teh, heg wae rek milih urang atawa manehna, sabab urang teu bisa nyepengan nu ngarana timuru. Urang mah lemah. Teu sanggup mun seug tepika didua. Komo mun leuwih. Urang teu ngalarang manehna boga babaturan lalaki hungkul asal cara merlakukeunana sarua, ulah aya nu di¬-special-keun. Ubrang-abring mah pek teh teuing. Bebas jeung urang mah. Ari ieu mah nempo aya urang ge angger paduduaan. Sedil.
Urang keuheul pisan. Ambek. Swear na ge. Ngadadak teu hayang nanya harita mah. Komo basa keur di imah Kang Ridwan. Ti mimiti amprok, urang cicing teu nanya-nanya, tapi manehna nu mimitian ngawangkong.
“Kang, puisi jeung surat-surat ti akang ku Nespi diabadikeun dina kotak siga kado.” 
“Wah?... tinggal ngaduruk!” jawab teh saceplakna dijurung kukakeuheul. Awak angger nyangsaya dina sopa, panon museur kana layar TV nu keur panceg dina cannel MTV. 
“Eh, Kang, kamari Si Rizki nuturkeun siah basa Nespi uih teh.” 
Teu hayang nembalanana oge. Sangeuk. Bet teu euleum-euleum ngomong teh. Peupeuriheun kalakuan kamari siga nu ngahajakeun mapanas hareupeun urang.
“Ih, da. Kang, pasti masih keneh nyeri hate kunu kamari, nya teu?”
“Meureun, ari rumasa mah.”
Jep weh geus dikitukeun mah teu ngomong deui. Rumasa meureun. Urang tonggoy merhatikeun klip lagu “Ada Apa denganmu?” Peterpans. Tembong lagu teh enggeusan.
“Emang enak ditinggalin. Mudah yah buat cowok ninggalin cecek?” cekeng nempo adegan ahir dina klip lagu. Terus ngareret ka barudak anu sarumanget ngariung petis.
Ret ka Si Nespi nu ngalamun. Ditelek-telek dina pipina aya nu baseuh nyurungkuy tina panonna. Pelongna kosong. Direret teh manehna kaluar. Rek nuluykeun lamunan meureun. Sedih meureun nya? Keun antep sina naranjangan diri sorangan sakedapan mah. Urang ge teu tega sabenerna mah mun tepika manehna cipruk cimata gagara urang. Karunya. Sedih nempona. Hayang nyampeurken. Marengan. Hayang nyuuhkeun teugeugna rasa kana tangkeupan, kitu-kitu oge masih katalian ku cinta nau cenah suci jeung agung. Teu wasa mun tepika megatkeun ku kajadian sakitu. Nu matak datang ka iamh Kang Ridwan oge, manehna teh beurat ka urang meureun tinimbang ka Si Rizki. Ngahareupkeun keneh urang. Butuh meureun. 
“Aku bener-bener pertama kali menemukan orang sepertimu, kang!” cenah basa ku urang disampeurkeun bari ditanya.
“Emangna kumaha?”
“Ngomongna teh pinyerieun hate.”
“Maneh mah nyeri hate ku omongan urang. Coba, maneh nganyerikeun hate urang ku kalakuan, Nes!” cekeng satengah teu nyadar.
Cimatana beuki murubut dikitukeun teh. Maksakeun ngomong satengah kapepeg ku piceurikeun.
“Bener ieu mah kudu jauh jeung babaturan lalaki, megatkeun persahabatan mun...” omonganana kaburu dipegat ku urang.
“Nes, urang mah teu ngahareupkeun eta, jeungna deui lain kudu kitu. Saha nu ngalarang maneh boga babaturan lalaki kabeh. Asal sarua perlakuanana, lamun ngariung, kabeh ngariung. Indit, kabeh ngabring. Lain paduduaan siga kamari. Cekeng ge urang mah teu bisa narima nu ngaranna timuru. Hate mah teu bisa ngabohong saumpamana urang ngomong teu ngarasa nanaon nempo maneh jeung lalaki sejen, hate mah anggeur ngageremet.”
“Hayang Akang naon sih?”
“Hayang kapastian! Maneh milih urang atawa...”
“Meugeus! Ulah diteruskeun. Nespi ngaku salah ka Akang. Nespi rek ngawaro.” 
“Urang moal waka percaya kitu wae, Nes, saumpamana eta nu dikedalkeun ukur dina biwir. Urang baris nitenan kaayaanana dina waktu saminggu, lamun taya euih-euihna urang moal asa-asa ninggalkeun maneh”
“Anjir, peurih eta omongan teh, Kang, tapi hayu Nespi mah teu sieun. Sasatna dina jero saminggu, ayeuna ogenan wani. Sok urang buktikeun!”
“Sukur bisa mah!” cekeng bari nangtung ninggalkeun manehna nu masih keneh muragkeun cimata. 
Sup ka imah deui nyampeurkeun barudak. Dasar pejuh, barungah we sigana teh nyaroelan uleg ku manggah haseum tayohna buah ngora, teu dirasa we meureun sambel ngajeletot mah, sidik siki cengek barolotot minuhan biwir coet. Kesang laat-leet tina tarang leuheung mun teu jueng rambisak irung mah kawas Si Mamat. Wajar rek kitu ge leutik keneh manehna mah, budak olo leho. Bolon kelas hiji anu cengos rumasa dihijikeun ku teater tuluy milu ruang riung jeung nu garede. Utamana jeung kelas dua sobat-sobat Si Nespi anu layeutna liwat saking ; Si Lina, Si Evrita, Si Eman jst., lian ti Si Rosdiana anu kurang layeut teh sasatna pernah parasea. Teuing nanahaon alatanana mah teu pati apal. Salah paham ceuk Si Nespi mah. 
Urang oge tumanya ka Si Rosdiana ngeunaan hal eta, jawab manehna percis naon nu diomongkeun ku Si Nespi :
“Salah paham.” Pokna. Sidik panon mah teu bisa dibohongan. Manehna siga nu bingung naon pijawabeunana ditanya ku urang.
Nyaksian kajadian kieu, urang nyeri hate, Nes. Sedih. Asa digerihan hinis sasatna dua jalma anu kungsi ngageugeuh hate jeung pikiran urang, parasea teuing marebutkuen nanahaon. Lian ti eta pan Si Rosdiana teh geus teu boga hubungana naon-naon deui lian ti sobat curhat kakapeungan. Urang geus teu inget deui kungsi boga hate kamanehna. Pon kitu deui manehna. 
Moal kitu alatan urang deukeut deui manehna paraseana jeung Si Nespi teh. Kungsi dina hiji mangsa Si Nespi timuru ku deukeutna urang jung Si Rosdiana teh. Heueuh, urang kungsi nyebutkeun salut ka Si Rosdiana sasatna bisa nempatkeun posisi lalaki luyu jueng kadudukanana. Kumaha perlakuan ka kabogoh, kumaha ka babaturan. Puguh meureun nya, Si Nespi ngarasa urang ngabandingkeun manehna jeung Si Rosdiana. Kitu puguh ge sifat awewe mah embung dibanding-banding. Saha nu ngeunah atuh? Ana kitu mah urang nu salah Nda. Saha awewena nu daek diperlakukeun kitu. Urang we nu goblog.
***
Aneh puguh ge. Sakumaha beuratna cocoba anu karandapan ku urang jeung Si Nespi kabeh ge bisa ilang. Gampang deuih pikeun leungitna teh. Nyaho meureun pan urang kungsi ngomongkeun samemehna, ti mimiti urang noledarkeun manehna basa asup gawe di CV MELVYN tea, tepi ka masalah manehna nginum anggur hareupeun urang kabeh bisa kandeg. Tapi ayeuna. Masalah nu ieu datangna lain ti urang jeung Si Nespi hungkul, tapi ti jalma lian. Kolot Si Nespi, pon kitu deui kolot urang sorangan. Maranehna kurang nyatujuan. Urang ge heran. Naha maranehna siga nu teu ngalaman ngora, ngalaman bobogohan. 
Dina hirup, naha kudu aya nu ngarana kontra. Pangbeda nu matak misahkeun. Naha deuih kudu aya nu ngaranna tunggara? Mun kabeh eta teh jadi pareasi hirup hungkul mah alus meureun nya. Jadi pang rame keur jalma anu lumaku di dunya barana ieu. Lain jadi hiji hal anu ngalantarankeun hirup ngahelas. Bingung. Ngagenclangkeun rasa. Naha dina unggal lalakon kudu panggih jeung konflik anu matak nimbulkeun perjoangan. Naha kudu aya antagonis kawas dina sandewara? Naha moal resep mun taya nu kituan, kitu? Padahal keur urang mah hayang hirup teh tengtrem ayeum lir tokoh protagonis keur lalampahan dina kamenangan. Romantis we hungkul. Naha di unggal tempat teh kudu hirup nu ngarana parasit, kawas ayana jajagoan dina pare?
Cenah, nu matak diayakeun mamala teh keur berjuang. Ambeh urang mikir kumaha pikeun ngayonanana. 
Berjuang teh keur naon situasina, perang?
Masalah naon nu kudu diperjuangkeun teh, HAM?
Saha merjuangkeun saha deuih?
Rek tepi ka mana perjuanganana? Tepi ka ditu? Kaditu ka mana ka beh ditueun ditu, ka tungtung perjuangan? Siga nu nyaho wae tungtung perjoangan manusa.
Euweuh. Euweuh nu nyaho lian ti Gusti Alloh nu maha kawasa, nu uninga-nguninga. Nu ngatur sagala kahirupan di dunya sanajan kabeh dijalankeun ku jalma sagala aturan teh. Tapi kalolobaan jalma ngatur lain dumasar kana aturan Gusti Alloh. Nyieun aturan sorangan keur ngatur hiji-hijina jalma.
Ah urang mah sok kalah rudet di atur teh. Urang mah hayang bebas cekeng ge. Bebas nu teu saukur bebas. Bebas anu ka wengku ku kabebasan deui. Taya nu ngaharu ganggu, taya nu ngarogahala ceuk paribasana. Tong aya nu ngiritik kana kahirupan urang ari lain rek mere bongbolongan mah. Tong mere komentar lamun moal mere saran mah, komo ngan saukur hayang nyawad. Urang ngomong kieu lain ka batur, Nda, komo kanu teu wawuh mah. Lain ka maneh deuih (lain ka urang atawa ka si Nespi) 
(Har, na kasaha atuh?)
Teuing euy, ka saha nya? Kanu ngarasa we meureun. Kanu rumasa nyampur tangan urusan urang jeung Si Nespi. Erek ti pihak urang atawa ti pihak Si Nespi. Bapa urang sugan. Indung urang. Bapa Si Nespi. Amangna. Lian ti indungna. Enya puguh ge bageur ka urang manehna mah. Sok ngarep-ngarep cenah mun urang lila teu ka imah teh.
Urang teu ngarti, Nda, naha jalma nu misah nyawa misah raga make kudu milu aub dina kahirupan pribadi nu lian? Padahal pikiran we diri sorangan. Urus we awak manehna, da lamun batur bohak mah moal bisa ngarasakeun kanyeri. Enya kanyeri ceuk lahiriah kitu ogenan, beda deui jeung kanyeri batiniah sok loba nu rajeun ngarasakeun kanyeri batur. Contona, budak umur dua taun disunatan, nyerieun taeuna teh, indung bapa atawa lanceukna ngarasaeun teu kanyerina? Henteu pan. Tapi lamun budak parawan dijahanaman ku hiji lalaki jahanam, batinna kasiksa. Hatena rajet. Indung bapana oge milu nalangsa.
***



Di Imah Si Nespi

Ngadadak bet hayang ka imah Si Nespi. Geus lila tuda teu kaditu teh. indit ah, kapalang digeroan ku bapana. Hayang nyaho, rek naon?
“Assalamu’alaikum?” cekeng sanggeus hareupeun imah. 
“Waalaikum salam!” ceuk nu di jero. “Eh, si kasep. Kamana wae sugan teh geus teu emut-emut deui ka dieu. Kumaha damang, kasep?” sambungna. Nu ngabageakeun teh indung Si Nespi nu pareng aya di imah. Indung jeung anak taya bedana dina masalah loba omong mah saruana.
“Sae, Mah!” cekeng sun tangan. “Nespina nyondong?”
“Aya! Nuju ibak. Sok calik heula! Antosan wae nya!” omongna bari tuluy indit ka jero tapi teu lila geus ngurunyung deui bari mawa cai nginum. 
“Mah, kamari abdi teh tepang sareng Rosma...”
“Lajeng...?”
“Saurna teh, Bapa miwarang abdi ka dieu, leres eta teh, Mah?”
“Muhun!”
“Aya peryogi kitu, Mah, asa rareuwas abdi mah!”
“Ke, sakedap!” cenah. Geus kitu tuluy ngaleos ka kamar. Teu lila geus nyampeurkeun deui lain mawa cai nginum ayeuna mah tapi ngagiwing amplop bodas nu dirapet pageuh. Song di bikeun ka urang.
“Si Bapa teh nitipkeun ieu kanggo Rifan, duka naon mangga wae aos!”
“Wios dibuka ayeuna ieu teh, Mah?”
“Mangga!” tempasna dibarung imut leleb. “Hapunten Fan, mamah teh nuju di pawon! Dikantun!”
“Oh, mangga, Mah!” cekeng. Manehna ngaleos muru ka jero dapur. Urang tuluy muka eta surat.
“Eh, Si Akang!” ceuleungkeung Si Nespi ti lawang panto lebah indungna asup tadi. Tembong manehna kulimis disimbut anduk nu ngabunian dada tepi ka pingping “Ke ah, Kang, rek dibaju heula!” tuluy ngaleos ka jero muru kamar sarena. 
Omongan Si Nespi dijawab ku seuri koneng. Amplop tuluy dibuka. Diilo. Teg hate mimiti nyeak asa karerab komo barang breh nempo tulisanana nu make tanda kutip. Taliti pisan kuring maca eta surat teh. Hate beuki sumeblak. Ratug tutunggulan. Tuluy dibaca kahandapna, seak getih jeroeun kulit ngadadak naek kana sirah ngaliwatan urat-urat nu milu lungse. Clak, cipanon murag maseuhan kertas nu milu ngageter dioyagkeun ku rasa. 
“Sinarieun, Kang, ka dieu, dibawa ku angin ti mana?” omongan Si Nespi ngawurkeun konsentrasi urang nu keur museur kana surat. Rikat surat ditilepan deui, sup diasupkeun deui kana amplopna. Gura-giru nyusutan cimata. Teu ditolih Si Nespi mah nyaho-nyaho geus diuk di gigireun weh. Urang tonggoy neuteup ka hareup.
“Ih ditanya teh kalah ngalamun?”
“Saha nu ngalamun?” 
“Kunaon atuh cicing wae?”
“Kasima.”
“Kasima? Kasima ku saha?”
“Ku maneh.”
“Ari kitu?”
“Asa geulis euy!”
“Ya ampun. Karek nyadar, boga kabogoh geulis teh, Kang?”
“Enya meureun. Pedah maneh mandi, Nes!”
“Enya da urang teh ucing, tara mandi?”
Urang seuri, Nda. Tuluy neuteup anteb kana panon Si Nespi anu rada geuwad-gaweud dibarung ku kaera. Teu wasa diteuteup sigana mah.
“Kunaon sih, merong teh mani anteng siga budak manggih cocooan?”
“Ih, geer. Puguh enya urang teh panggih deui jeung cocooan.”
Kurunyung indung Si Nespi mawa baki eusi dua gelas jus jeruk jeung keler leutik dua eusi ager kering jeung wafer stik. 
“Cai-cai atuh Rifan, da naon taya suguhkeuneun geuning di Mamah mah” 
“Teu kedah ngarerepot Mah. Abdi mah sanes tamu nu kudu ditata jeung dijamu. Sanes semah deuih, ngahesekeun nu boga imah.” Cekeng seuri leutik.
“Aeh, muhun ketah tamu mah biasana ge cacandakan. Kitu deui semah sok nambihan kanggo balanja mun bade nyiapkeun tuangeun.” Tempasna.
“Bagoooy. Si Mamah mani nyucuk kitu ngomongna teh najan enya ge heureuy.” Ceuk hate. Teu ari kedal mah.
“Ah, abdi mah moal janten tamu atanapi semah salalawasna oge ka dieu mah!”
“Si Mamah mah da ngomongna teh, sangeunahna wae!” Si Nespi nembrong. “Mun Si Kang Rifan pundungan geus nagliang meureun. Untung we boga kabogoh teh tegar!” 
“Naon tegar teh, Nes?” tanya Indung Si Nespi.
“Bejakeun tong, Kang?” cenah ngareret ka urang. Ku urang dijawab ku unggeuk tanda masrahkeun ka manehna. “Tegar teh akronim tina kalimah teu gableg ka era.”
“Ih, kasebelan maneh mah, Nespi. Ulah kitu ka calon salaki teh!” pokna bari tuluy ngaleos ka tukang.
Tug, jajantung asa aya nu ngenyang. Kekecapan Indung Si Nespi matak ngageterkeun hate. 
Sajongjongan urang jeung Si Nespi ngahuleng. Implengan siga nu anteng dina lamunan sewang-sewangan. Panon urang neuteup anteb kana gelas eusi jus jeruk nu dina biwirna nyangked jeruk ipis.
“Eh! Kang, sok ah diminum caina!”
“Oh, enya. Ditampi yeuh!” cekeng satengah teu nyadar. Gelas dirogoh, tuluy diinum sedotanna mah dilaan. Diteundeun dina baki.
Teuing urang nu ngarasa sakeudeung cicing ngaharuleng jeung Si Nespi, atawa Indung Si Nespi anu dangdanna sakeudeung, eta we asa cikeneh teh manehna sebla-seblu, ari ayeun geus saged deui rek indit. 
“Fan, dikantun heula nya ku Mamah!” 
“Bade angkat ka mana kitu, Mah?”
“Ah, biasa arisan. Rifan ulah waka uih pami mamah tacan dongkap. Melang Si Nespi mah pami dikantun ku sadayana teh. Omat nya!”
“O, mangga, Mah!”
“Nya, atuh. Mamah angkat yeuh. Awas, Nes, cicing di imah sing bener!” geus pamit mah Indung Si Nespi indit ninggalkeun urang duaan.
“Yes! Yes! Yes!” ceuk Si Nespi ijigimrang sanggeusna indung indit. 
“Yes! Yes! Naon, Nes?” cekeng tumanya.
“Ah, teu nanaon, Kang. Pindah yu ngobrolna di jero. Di ruang tengah bari nonton tv atawa nyetel radio. Jam sakieu teh keur Simponi Persada di RSPD teh.”
“Masih keneh ngadangukeun RSPD, kitu?”
“Enya! Ngahudangkeun kenangan Akang baheula. Inget meureun kana mangsa Siaran Dunia Pelajar?”
“Ah. Geus tong dipiinget!”
“Enya, hayu atuh pindah!” pokna bari tuluy ngaleos ka jero. Keler dibawa kumanehna. Urang hideng nuturkeun bari mawa gelas eusi jus tea.
Rohangan tengah teh geus teu bireuk deui kadatangan urang. Ngan asa kakarek amprok deui teh ayeuna meureun sasatna geus lila teu ka imah. Ah teu asa-asa. Goledag weh kana karpet nu nyanghareupan tv. Tapi Si Nespi kalah ngahurungkeun radio. Enga wae dina frekuensi 95 FM. Kadenge Teh Sarah keur maca request ti nu ngirim ngaliwatan sms. Si Nespi ngadeukeutan kaca jandela, tuluy hordengna ditutupan.
“Serab nya, Kang?” cenah. Puguh oge jandela teh aya di belah kulon atuh panon poe pasosore mah asup mani moncorong. 
Si Nespi nyampeurkeun dibarengan ku hiji lagu anu ngahaleuang tina radio.
“Aduh, kang, enakeun nya laguna?”
“Enakeun jeung hentena tergantung nu ngadengena. Mun keur cocok jeung hate, pasti dianggap ngeunaheun. Rek lagu saha wae oge”
“Emang ieu lagu saha? New enter ieu teh.”
“Lah, make jeung teu apal ka Si Baim. Ngalagu solo teh bubuhan dipecat we ti grupna!” 
“Pinter keneh geuning kana lalaguan mah!” omongna bari ngagoledag gigireun urang. “Kang, bener teu sih lagu ieu jadi wawakil hate urang duaan? Nespi mah hayang pisan akang milik Nespi, jeung sabalikna, Nespi milik Akang. Saumur hirup. Da hate teh asa teu bisa dipisahken, kang. Jiwa raga urang teu bisa dipisahkeun, lian ti ku kematian mah.” Omongna narik nafas panjang. Terus peureum siga nu ngararasakeun kaendahan anu teu katempo. Kawasna, hate manehna nuturkeun lagu. Urang neuteup anteb. 
“Asa beuki geulis maneh, Nespi, ari peureum mah.” Ceuk hate “Atawa pedah lila teu panggih.” Urang cengkat sab tikoro karasa garing. Leungeun ngarogoh gelas nu teu jauh ti hareupeun. Regot diinum. Goledag deui gigireun Si Nespi. Awak urang ayeuna mah nangkuban. 
“Nes!” cekeng ngaharewos.
“Hmh!” jawabna bari anggeur peureum. Beuki anteb ngadedengekeun lagu.
“Akang kangen euy!”
“Ka saha?”
“Geus lila teu tepung. Rindu pisan.”
“Jig atuh panggihan!”
“Enya, ah. Arek. Tapi omat maneh ulah waka beunta!” 
“Heueuh lah, jig-jig kaitu!”
Urang teu ngomong deui. Tuluy ngadeukeutan beungeut Si Nespi. Panon neuteup anteb. Ragamang leungeun katuhu urang kana leungeun katuhu Si Nespi. Manehna cicing. Urang beuki ngadeukeutkeun beungeut urang kana beungeutna. Tep. Biwir urang tepung kana biwir Si Nespi. Manehna cicing. 
“Oh, ieu nu dipikarindu jeung dipikangen ku Akang teh?”
“Hampura, Nes!” cekeng. 
Nu dibawa ngomong beunta.
“Tapi euy asa nyeri hate.” Si Nespi masih keneh cicing. Panonna neuteup ka urang. “Nu dirindukeun teh teu ngarasa rindu. Ulah dipanggihan meureun?”
Jebi ayeuna mah. Tuluy seuri.
“Puguh urang mah resep keneh Akang nu ayeuna.” Omongna bari tuluy cengkat.
“Maksudna?”
“Baheula mah Akang teh cicingeun.”
“Maneh bieu leuwih cicingeun.”
“Hayang nyoba urang mah. Tepi kamana sih kawanina?”
“Bagooy! Ngahina ieu mah euy.” Pok teh satengah ngudag Si Nespi anu lumpat ka kamar.
“Cicing ah, Kang! Sok wae ngadeukeutan, hayang di-smack down?”
“Sok wae wani mah!”
“Sok!” ceuk manehna bari ngadeukeutan. Leungeun manehna ngaragamang kana beuheung urang. Geuwat urang ngaranggeum cangkengna. Tep, awak tiadu. Gubrag, urang jeung Si Nespi labuh kana kasur.
Awak nyangsaya silih hareupan. Hegak nafas mimiti narikan kajurung ku hate nu teu puguh kekenyudanana. Leungeun urang anggeur meulit kana cangkeng Si Nespi. Urang teu bisa ngaleupaskeun belitan leungeun Si Nespi dina beuheung urang. Lalunan sirah padeukeut. Lalaunan oge panon milu peureum bangun teu wasa nyaksian nu deuk karandapan. Tep. Karasa kana biwir aya nu adek. Haneut. Haroshos nafas Si Nespi kaambeu. Renghap urang beuki tarik. Biwir Si Nespi motah dina biwir urang ngaleupaskeun hanaang nu geus lila nyaliara dina raga. Awak Si Nespi ku urang digulang-gaper meh ngudar sagala nu nyampai dina hate. Dina awak. Nuturkeun kereteg jajantung. Aya nu ngagurinjal dina dada urang, nyeak kana awak. Iga urang asa tobros. Tapi naha bet kapentalkeun ku leungeun anu tatadi nyampai dina punduk urang. Urang mental tina awak Si Nespi.
“Heh! Kang, rek ngalangar jangji?”
“Hampura, Nes!” cekeng bari nyusutan kesang nu renung dina beuheung jeung dada. Nafas diatur deui.
“Urang kungsi ngomong ka Akang, urang kabogoh Akang. Heg rek dikumahakeun wae oge. Tapi boga batas. Urang bisa mikeun hate sagemlengna ka Akang, jiwa raga urang, kop mere asal teu ngalanggar demokrasi. Urang duaan kungsi ngalakukeun hal teu uni, maenya rek diulangi deui. Era kang. Dosa. Da urang teh teu wadat. Kumaha lamun reuneuh? Ari Akang wadat?”
“Teu teusing!”
“Naha atuh.”
“Hampura cekeng ge!” jawab teh pondok. Geus naon deui piomongeun urang sasatna kitu kanyataanana. 
Urang kaluar ti kamar. Tuluy diuk dina korsi. Tapi Si Nespi nuturkeun, malah bari seuri. Tuluy ngadeukeutan bari ngomong lalaunan.
“Heuheuy deuh. Dicarekan sakitu pundung. Kang deui moal?”
“Nyao ah!” 
“Eh, kitu tah maneh mah, Kang. Peureum geura!”
“Rek nanahaon?”
“Rek dicabok ku urang mah. Kesel tuda!”
“Cabok mah cabok wae teu kudu peureum meh katempo beungeut nu nyabokna.”
“Eh, ambeh teu paur. Tapi lamun can dititah beunta tong waka beunta!”
“Sok lah diayonan!” cekeng ngawaro wae kana omonganana. “Kop sabaraha kali oge! Teangan nu hipu!”
“Moal loba, Kang, opat kali.”
Bagooy deui wae. Keun hayang nyaho. Kajeun rek beureum ge!
“Hiji!” cenah. Tapi nu keuna kana pipi kenca teh lain dampal leungeun. Biwir.
“Dua!” pokna kana pipi kenca.
“Tilu!” kana tarang. Tapi naha eureun heula basa nyebutkeun opat mah.
“O...opat!” tep kana biwir. Karasa baseuh. Mimitina laun, tuluy motah deui. Urang lalaki, Nda, aya nu narajang piraku deuk cicing wae. Urang ngalawan beuki tarik.
“Enggeus ah!” ceuk Si Nespi megat.
*** 

Nda, kahirupan urang siga kieu ayeuna. Lubar tina neangan elmu bet tigorobas kana jurang anu lungkawing. Cungakang. Jembet ku cucuk alimusa nu mindah rupa jadi kapuk nu ngampar dilapis alketip. Saban waktu urang hayang nyorang. Unggal mangsa urang hayang aya di dinya. Ngangon ego jeung Si Nespi nu ngayonan sagala galagat urang. Naha bet harita deuh urang ngarasakeun nu ngarana bebas teh. Bebas nu diwatesan ku pager rasa. Taya hiji ge nu bisa norobos eta pager. Urang duaan jeung Si Nespi lumampah naratas jalan dina alam pangimpian. Mapay-mapay jalan nu aya dina hate. 
Tapi maneh nyaho teu, Nda, naon nu kajadian sanggeusna Si Nespi ngagalentoran urang? Nda, pipiding aya ceulian. Iiuh aya panonan. Ubin ngabogaan hate jeung pangrasa. Hirup. Pangdenge, panempo, bisa aya di unggal tempat. Cakcak bodas bisa wae nyumput dina jam dinding anu ngadaplok, atawa dina figura anu nangtayungan foto supaya tetep tembong weuteuh. Teu karoris sab galagat diri moekeun hate ngajadikeun panon teu nempo. Ceuli teu ngadenge. 
Teuing ti mana jeung iraha datangna, bapa Si Nespi geus nyampak nempokeun. Teu kadenge mukakeun panto. Keur mah radio teh tarik disadana. Teu katempo deuih. Heueuh nyaho sorangan maneh ge, Si Nespi nitah peureum. 
Radio dipareuman ku Bapa Si Nespi. Tuluy nyampeurkeun urang duaan.
“Eh, geu...geuning, Apa. Nembe....dong...kap?” ceuk Si Nespi pegat-pegat.
Urang ukur ngembang kadu.
“Astagfirullooh... bet teu beunang dipikanyaah. Sabara kali dipapatahan? Cik atuh kalkuan teh, Nespi. Era Apa mah boga anak siga kieu.” Omongna tuluy ngareret ka urang. “Saha anjeun teh, Jang?”
“Ri...ri...rifan. Pa” cekeng gugup puguh ge. 
“Teu salah panyangka. Sarua deuih anjeun oge jeung lalaki anu osok ka darieu. Teu aruni...” Bapa Si Nespi gogodeg.
“Punten, Pa...”
“Jempe! Mun teu hayang ieu leungeun kumalayang kana pipi. Bet teu nyangka geuning kitu peta. Ceuk aing montong sok bobogohan mun ngansaukur rek nyieun kamadorotan mah. Lain aya ku dua kutiluna ngaping ngajaring, ieu mah nitah ngangon anak maung ka domba. Geus, isuk pageto mah arindit ka KUA sakalian urang rapalan.”
“Abdi teu...”
“Teu sanggup? Meugeus montong hayang ulin-ulinan. Geus puguh Si Nespi ngeleyed, teu beunang dipapatahan. Teu maduli kana carek. Cik atuh nu mawana kudu bisa mirosea....”
Keur ngocoblak kitu, Si Nespi nyampeurkeun. Ngadeukeutan urang. Bapa Si Nespi teu ninggalieun sab aneh nyarekan teh bet teu nembongkeun wawanen, malah gudag-gidig sakapeung nukangan.
“Kang, geuwat balik, Jig!” cenah ngaharewos.
“Ari maneh sok tara mikir. Pan urang kudu tanggung jawab kana naon anu dipilampah!” cekeng ngaharewos deui.
“Heh! Ngaromong naon maraneh?” Bapa Si Nespi ngareret bari mureleng.
“Salamlikum?” cenah ceuk hiji sora diluar imah
“Saha deui nu rek kadieu?” omong Bapa Si Nespi bari indit ka tepas seja muka panto.
“Atuh buru, Akang, balik!” Si Nespi nyunyurung urang ka lebah panto dapur jalan ka luar. Panto dibuka. Urang dipaksa kudu nyingkah, Nda.
“Ngke maneh dikumahakeun ku kolot maneh?”
“Nyantey atuh, Kang, da urang teh geus gede bisa jaga diri. Buru ah indit. Awas siah mun masih keneh didieu. Salamulikum!” cenah nutupan panto. 
Urang teu nyaho naon nu kajadian sanggeusna urang indit. Nu aya ukur hate nu keketegan ngabendung amarah nu teu bisa betus hareupeun jalmana. Sieun teuing Si Nespi dirogahala. Sieun teuing ditampilingan. Naha deuih Si Nespi bet nitah urang indit, meureun nambahan perkara? Pecundang urang teh meureun. Tangtu Si Nespi leuwih gede narima rasikona. Heueuh. Moal jauh ti kitu. Setan teh!
Astagfirulloh Haladzim. Hampura, Nda, urang bakat kukeuheul. Teu inget yen sasucap carita urang dibandungan pisan ku maneh. Ambek urang teh, Nda. Enya, ambek nyedek tanaga midek sigana mah. Urang melang pisan ka Si Nespi. Melang kana awakna. Sok sieun teuing kumaha onam. Tatu tea. Bohak tea. Kahayang urang mah lain kitu, Nda, Bapa Si Nespi teh. Panca kaki angguran jeung urang teh. Ngomong sing bener. Kudu puguh jujutanana atuh nanaon ge, ner teu? Ieu mah padu ngocoblak wae.
Tapi, memang kasalahan aya di urang meureun. Urang teu dewasa. Urang ngalajur napsu, teu bisa ngadalikeun. 
Nda, kalakuan urang teh salah kitu?
Nda, urang ge bet teu nyaho bakal ngalaman bobogohan siga kieu. Kakara ayeuna swearna ge. Teu hayang urang ge ngalaman kieu teh. Coba pikiran. Satadina geus lulus sakola teh urang hayang gawe di hiji perusahaan najan jadi office boy. Nu penting urang geus bisa ngahirupan diri sorangan. Jajauheun bisa ngahirupan kolot mah, keur sorangan-sorangan atuh. Tapi ieu, urang ngalaman jadi nu ngarana pangangguran teh. Ayeuna. Hiji ngaran anu dipikasieun jeung dipikaembung. Urang kudu kama indit jeung kudu kumaha lalampahan? Sababara waktu ka tukang urang kokoteteangan neangan pausahaan, unggal iklan didatangan, tapi angger nu dibutuhkeun teh ngan sales jeung sales wae. 
Urang teu tega, Nda. Geuning sasaran sales mah jalma-jalma nu barau lisung. Da eta gampang ngabobodona majarkeun teh. Api-apina mah menang hadiah, tuluy dipenta mayar pajeg. Ah bet asa ngabobodo indung bapa urang. 
Nya antukna urang lieur ku hal eta. Minangka palumpatanan urang bobogohan jeung Si Nespi. Ah beuki lieur geuning.
***



Bulan Bahasa

Ngalaman lila deui teu panggih jeung Si Nespi teh, Nda. Kangen mah kangen, ngan heueuh wegah pisan mun seug kudu ngaunggahan deui imahna mah. Buktina sababara waktu ka tukang kitu kajadianana. Lian ti eta, urang ayeuna loba pigaweeun pisan di imah. Di sawah maksud teh. Ari engges rek naon deui atuh, Nda, sasatna hirup di kulawarga patani piraku wae urang deuk lur jeun kitu bae da boga kawajiban nalang ka kolot meureun. Teu paduli loba jalma nu ngomongkeun lulusan SMA teh angger wae mangul pacul bari bobolokot leutak. 
Usumna. Ceuk kolot mah mun mangsa ngaran bulan geus ber-beran ; September, Oktober, Nopember, jst., sok datang hujan, waktuna nyawah. Ngalektor. Geus teu usum ku munding mah. Lila. Watir deuih. Ku kalektor mah lian ti gancang sok lendo pisan kana taneuhna. Mun geus ngaramplang caian, kotaakan tuluy diberesan. Meunang meresan sawah nu petakanana leutik mah sok dipake tebar. Sabari ngadagoan binih gede, sawah dipelakan lauk emas, lumayan sok aya batian mun teu ku bayawak jeung ku koak mah. Tapi nya kitu tea, sasatna deukeut susukan gede bayawak teh mani sagede-gede pingping. Koak atuh teuing ti mana daratangna, unggal subuh teh aya wae tapakna. Geus kitu kuduna meureun, daur hidup. 
***
Bulan Oktober, maneh tangtu inget kana sababara kabiasaan atawa kajadian. Hiji, usum nyawah tea pan. Puguh ge usum hujan. Enya keur urang jeung kolot urang lain keur maneh. Kadua, anu paling moal mungkin ku maneh dipopohokeun, Oktober teh bulan bahasa, cenah. Teuing timana mimitina. Paling ge ti urang-urang Yunani. Tah mun geus datang bulan bahasa teh sakola urang mah sok milu riweuh make jeung ngayakeun peringatan sagala rupa. Majar teh ngamumule basa jeung sastra urang. Heueuh Basa jeung Sastra Indonesia. Siga waktu-waktu samemehna. OSIS ngayakeun lomba baca puisi, lomba nulis puisi jeung cerpen, lomba tulis karya ilmiah, festival drama antar sakola, lomba pidato tilu bahasa: Indonesia, Sunda jeung Ingris. Nu paling sibuk nya barudak OSIS, tapi kabeh ge sibuk ketah dalah alumnus oge sok nyahaja marantuan keneh. Nu asalna aktif di OSIS tangtu milu tihothat di OSIS, nu dina majalah dinding sibuk mantuan panitia lomba tulis cerpen jeung puisi. Urang geus moal salah deui pasti icikibung ngabantuan festival drama antar sakola.
Saribuk geuning barudak teh kawas baheula wae urang jeung maneh sabatur-batur, Nda. Tempo Si Rosdiana mani asa jadi pamingpin keneh meureun. Aeh, can ganti bejana mah. Pantes wae ketah da Si Eta mah tegas pisan dina nangtukeun sikep teh. Teu kawas keur urang nu mingpin mun teu barudakna hararideng mah kumaha boa nasib eskul teater. Heueuh rek kumaha ngajalankeun AD/ART jeung ngudag targetan.
Ah, eta mh baheula. Ayeuna mah tinggal merhatikeun barudak, mere bantuan ku tanaga jeung pikiran tangtuna da moal mungkin ku materi mah. Enya najan aya Si Kang Ridwan nu jadi pelatih da sahanteuna masih keneh kakurangan tanaga.
“Eh, Kang Rifan, kamana wae, mani teu emol-emol?” cenah nu pangheulana nyolongkrong teh Si Rosdiana. Tuluy sasalaman. 
“Nyaeta, Ros, sugan teh, moal panggih deui jeung nu geulis. Kumaha kabarna?”
“Ya Alloooh, mani nyebut nu geulis. Tong kitu ah, Kang, bisi kadengeun ku cakcak bodas, hayo keh Ros diintrogasi kunu ngageugeuh hate Kang Rifan. Hehe, Alhamdulillah sehat Ros mah, Kang.” Jawab Si Rosdiana bari nyeuleukeuteuk.
“Asa kaingetan, Ros, Si Nespi mana?”
“Nyaeta, Kang, ayeuna teh manehna jarang pisan ilubiung di teater teh. Kolotna cenah teu ngijinan. Beres sakola teh tuluy balik-balik wae” Omongna rada ngarahuh.
Beu. Luyu jeung anu diimpleng salila ieu. Teu salah, Si Nespi teu meunangeun ula-ilu deui kana kagiatan eskul. Teu mustahil nu lian oge dilarang. Meureun geus sakola teh kudu langsung balik ka imah. Tapi bae ketah da kaharti ku pamikiran urang ge, manehna sababara bulan deui ujian nasional geus sakuduna ninggalkeun sagala kagiatan anu loba meakeun waktu. Tapi na bisa Si Nespi dikurung di imah terus sina konsentrasi diajar leuheung mun ngiluan bimbel. Sakanyaho urang Si Nespi mah hirupna teh sagala bebas. Moal kitu bisa ngarobah dirina dina waktu nu ngan sababara poe? Ah, paling-paling maksakeun. 
Nda, lian ti ka maneh, urang teh sok nyaritakeun ngeuanaan hirup urang jeung Si Nespi. Ampir sagala permasalahan nu timbulna tina urusan urang jeung Si Nespi, Si Rosdiana nyahoeun. Euweuh sugan urang kungsi bogoh ka manehna tepi ka ditolakna. Si Rosdiana kungsi ngomong ka urang mun seug boga masalah jeung Si Nespi, ngomong we ka manehna cenah sugan jeung sugan bisa mantuan saeuteikna. Memang maneh nyaho sorangan, Si Rosdiana teh sok dipikolot ku sararea, kaasup ku maneh.
“Ceuk Ros mah kieu, Kang! Akang ulah ngelehan teuing euy ka Si Nespi teh, sory lain rek mamatahan, saukur mere saran...”
“Tong asa-asa! Atoh nu aya.”
“Tegasan saeutik mah Si Nespi teh. Tong hayoh wae ngayonan kahayang jeung pamentana.”
“Ari kitu?”
“Enya, cenah ceuk Akang tadi, Si Nespi kungsi nitah akang ka imah jeung rea deui pamentana anu kudu dipigawe ku Kang Rifan, sedengkeun Kang Rifan loba pisan urusan di kulawarga Kang Rifan matak teu ditedunan oge.”
“Heueuh. Tuluy?”
“Sory samemehna nya, Kang....”
“Aya naon?”
“Ayeuna-ayeuna barudak kelas jeung barudak teater teh loba nu teu resepeun kana kalakuanana Si Nespi. Hampura pisan nya, Kang, Ros nyarita kieu!”
“Teu kunanaon Ros, alus! Naha bet bisa kitu?”
“Duka teh teuing atuh, Kang, nu pasti mah alesanan beda-beda.”
“Ari Ros sorangan, kumaha?”
“Ari Ros mah, kumaha nya? Nya meureun....ah bisi Kang Rifan ambek ka Ros...”
“Hayooo! Keur naon paduduanan?” cenah asa digebah.
“Oow kamu ketauan pacaran lagi dengan dirinya teman baikku!” ceuk nu saurang deui nyanyanyian. Kasebelan mun geus panggih jeung barudak kitu. Heueuh Si Ulfany jeung Si Isma sok ngaririweuh teu puguh mun keur serius teh kena-kena sobat layeut. Batur sagulung-sagalang. Sok limaan lain baheula mah maranehna teh. Enya Si Rosdiana, Si Ulfany, Si Isman, Si Lina jeung maneh, Nda. Ayeuna mah tinggal opatan geus leungiteun maneh mah. Si Nespi mah da kurang akrab jeung maranehna teh lian ti jeung Si Lina, da eta hirupna awewe banget majar teh. Si Lina mah bisa nyambung jeung nu tomboy atawa jeung nu feminim pisan.
“Eh kalian mah gimana sih ninggalkeun abi!” Si Lina nyelengkeung bari ngomong teuing make basa urang mana. Dasar urban. Heueuh atuh bisa disebut kitu pan Si Eta mah sasatna datang ti Prancis tuluy hirup di kota. Beu, basa teh dicabruk-cabruk. 
“Eh, Si Kang Ridwan ditinggalkeun jeung anak-anak kelas satu siah! Lagi naraon Si ‘lo ‘lo? Si Gue pengen joinan atuh!” sambung Si Lina. 
“Ah hayang nyaho wae, nya Kang? Budak mah nyaho dibere dahar jeung kecap meunang nganjuk we, aya leho susut weh.” Jawab Si Rosdiana satengah ngalalace.
“Ah kolot teh bukannya bersikap bijak, ini mah kalah ngahina. Dasar pikun kamu mah, Mamih Ros!”
“Geus, geus, tong silih hina kitu! Cicing kabeh urang keur boga masalah anu serius.” Cekeng satengah nentak.
“Ya udah ya, kita-kita mah gak ikutan iyey! Iya gak, Ul?” ceuk Si Isma.
“Ya iya lah masak ya iya cape dech!” tempas nu diajak nyarita.
“Kita pergi aja yah!” omong Si Isma.
“Heueuh jig, jig indit lah teu penting nyaho.” Tempas Si Rosdiana satengah ngusir. Si Lina nu ngan bengong nempo eta kaayaan, jadi marojengja kudu kumaha geusan nyokot kaputusan. Nuturkeun Si Ulfani jeung si Isma atawa cicing milu ngabandungan obrolan urang jeung Si Rosdiana. Sakedapan ngahuleng, tuluy siga nu rek ngejat.
“Lina, cicing wae di dieu!” cekeng nyegat. Nu dicarek ngeureunkeun leumpangna. Tuluy malikeun awak.
“Ada apa gitu, Kang?”
“Urang ngobrol wae atuh. Sakalian menta saran!”
Si Lina unggek tanda satuju. Gek diuk gigireun Si Ros nu tatadi nyanghareupan urang. Manehna mah nyarande kana tihang beton tungtung teras sakola sedeng urang nyarande teh kana tembok kelas. Inget meureun ka eta tempat, Nda? Tempat anu baheula sok dipake ruang-riung ku barudak kelas urang. Heueuh ayeuna mah dilindih ku barudak maneh. Nyalse tuda mun seug cicing di dinya mah. Nyaho sorangan meureun unggal nu cicing diuk dina terasna bisa neuteup nyanghareupan taman nu tembong kembang-kembangna marangkak. Tuluy kukupu halaliber marengan leokna angin beurang nu murag-muragkeun kesang barudak. Rame mun seug mangsa istirahat teh. Nu hareureuy tea. Nu balakecrakan. Dalah teu saeutik nu bobogohan. Teu gede taman teh, tapi ari dipulasarana bener mah teu burung mapaes oge kana lingkungan sakola. 
“Kieu, Lin!” cekeng muka deui omongan. “Maneh inget kenah teu kana surat nu kungsi dibawa ku maneh keur urang?”
“Surat ti Si Nespi?” cenah malik nanya. Urang unggeuk bari pok deui nuluykeun caritaan.
“Maneh nyaho naon eusina?” nu ditanya kalah gideug.
“Naon kitu, Kang?” Si Rosdiana nu miheulaan nanya.
“Basa iraha sih maneh mawa surat Si Nespi ka urang teh, Lin. Saminggu ka tukang nya?” 
“Ah geus lila, Kang. Aya kana dua minggu satengahna.”
“Oh, enya? Sanggeus urang balik ti imahna. Kieu eusina, intina wae ieu mah teu poho da, kieu: urang teh dititah ati-ati ka unggal jalma anu aya di lingkungan urang, keluarga cenah. Si Nespi teu mikeun mun hal nu karandapan ku manehna tumiba ka urang...”
“Emangna Si Nespi kunaon, Kang?” Si Lina nanya meh bareng jeung Si Rosdiana.
“Ka teuing atuh teu dibejakeun. Cuma manehna ngomong majar teh bae cenah itung we kana salah sahiji pengorbanan cinta manehna ka urang. Dina eta surat matak ngabingungkeun ka urang, Si Nespi menta indit tina kanyataan hirup. Rieut urang ge. Lian ti eta aya pamerdih deuih, kurang leuwih opat : hiji, urang jeung, anehna tong remen teuing panggih. Dina parengna panggih tong lila teuing jeung loba omong. Kadua, latihan teater moal bisa full cenah. Buktina ayeuna tara latihan lain?”
“Enya, enya.” Duanana unggeuk.
“Tuluy, kang!” Si Rosdiana panasaran.
“Katiluna, urang kudu jaga diri pisan. Teuing tina naon maksudna? Nu paling ahir, manehna menta urang kudu tetep mikanyaah jeung mikabogoh ka manehna. Bingung, pan?”
“Aneh atuh ieu mah? Pernah di telepon atawa di-SMS kang?”
“Nyaeta tara aktif HP-na teh. Mun nelepon ka imah, sok diangkat ku lalaki wae. Bapana meureun. Melang urang mah Ros, Lin. Di ahir suratna Si Nespi neneger hate urang, tong hariwang atawa bimbang cenah. Tong ngeluh deui, cobaan cenah ieu teh. Cenah ayeuna-ayeuna bapana teh geus lain ngambek jeung naghinakeun Si Nespi, tapi geus nampiling jeung nyabok. Cenah deui, pipi teh tepi ka bareubeu.”
“Oh, enya, Kang, pernah ningali Si Nespi teh rada teu sehat. Saurna mah labuh di kamar mandi!” Si Lina nempas.
“Serius, Lin?”
“Enya, Kang, tapi tos lami. Ayeuna-ayeuna mah da tos biasa deui. Enya ari sakolana mah sok langsung uih, dijemput, saurna teh ku amangna.” Omong Si Rosdiana. 
“Bener eta ge nyaritakeun.” 
“Aya-aya wae atuh, Kang?”
“Nyaeta, Ros! Bingung teuing kudu kumaha. Ningalikeun maraneh mah asa enjoy wae bobogohan teh. Komo maneh mah, Lin.”
“Apa Kang Rifan teh. Kemarin oge Aku teh marahan terus. Aku disangka salingkuh coba. Bego lalaki teh.”
“Bego, bego. Putuskeun atuh!” Si Rosdiana muncereng.
“Nya embung da Si Danar mah tajir, kasep deui. Teu siga Si Ramon. Wue!” bales Si Lina satengah ngahina.
“Eh, teu nyahoeun. Di imahna mah keren tau. Manehna mah penampilanana tara nyirikeun. Coba mun didangdanan, meureun Siga Nikolas Saputra. Tong ngahina kabogoh urang!” 
“Komo Si Danar, siga Cristian Bautista, American Idol”
Urang tiba mesem nempo nu paalus-alus kabogoh.
“Nggeus, nggeus. Karasep kabogoh maraneh mah.”
“Iyah nya, Kang. Da Kang Rifan ge kata Si Nespi mah siga Baim Wong, kabogoh Marsyanda. Tapi kata Lina mah tetep mirip Ben Joshua pemain film Dealova”
“Ah, sok kamana karep ngaromong teh. Kumaha yeuh solusina nu tadi diomongkeun ku urang?”
“Heueuh siah, Lina, kalah ngagosip!”
“Eh, siapa nu ngagosip?”
“Walah, eta mah Si Lina, biang gosip. Ngomongkeun naon?” ceuk hiji sora anu teu asing deui dina ceuli urang. Barang dilieuk, bener we. Teu salah Kang Ridwan geus nangtung teu jauh ti tempat urang jeung barudak ngariung. Teu katempo datangna bet ujug-ujug ngajanteng milu ngabandungan omongan.
“Eh, Kang Ridwan!” cekeng bari nangtung ngasongkeun leungeun. 
“Kamana wae maneh teh, Rifan? Asa beuki ngabegangan ayeuna mah. Teu kawas keur sakola keneh, kunaon?”
“Cape meureun, kang. Gawe wae mantuan kolot di sawah. Akang deuih tara ka imah ayeuna mah.”
“Nyaeta pan riweuh milu nguruskeun Bulan Bahasa. Kuliah ge kadang katungkulkeun. Atuh maneh mani karek kadieu ayeuna?”
“Nyaeta, Kang, mareng jeung usum nyawah tea. Kumaha atuh, da kolot teh nu kudu dibakti sanggeusna Alloh jeung Rosulna, kitu cenah ceuk ajeungan mah.”
“Bener tah, Fan. Keun, niatan wae ibadah. Pagawean muliya eta teh. Hayu atuh urang rapat kepanitiaan heula ayeuna mah!” omong Kang Ridwan. Urang ngarti kana omongan Kang Ridwan, mun geus ngajak rapat atawa barang gawe teh tara nungguan engke. Pok sok. Memang kudu kitu ngurus organisasi mah. Komo sasatna ayeuna nyanghareupan event nu lumayan butuh konsentrasi. Butuh pikiran jeung tanaga ektra. Ngayakeun festival teh lain lain gawe enteng-enteng, komo ieu dina lingkup kasenian tayohna DKC ge kudu milu aub, ulah cicingeun. Nyadiakeun waragad jeung pasilitas teh kudu bener-bener fiks.
“Mangga, Kang.” Cekeng nuturkeun Kang Ridwan ngalengkah. Urang leumpang marengan Kang Ridwan. Si Rosdiana jeung Si Lina nuturkeun ti tukang. Sup ka hiji rohangan tempat barudak geus dariuk bari ngarocoblak. 
Nda, urang teu hayang nyaritakeun kumaha suasana rapat poe eta, sanggeuk ah. Kacape-cape omong. Kitu-kitu bae nu ngaranana rapat mah. Maneh ge nyaho naon-naon wae nu diomongkeun. Kumaha pahibutna barudak nu boga ideu beda-beda. Sarua di mamana ge.
***



“Unaida!”

Unggal datang peuting, hate teu mirasa. Implengan terus muter kana sababara kamungkinan. Kapanasaranan ngajurung lamunan, ngijir-ngijir naon nu bakal karandapan. Naon nu sabenerna tumiba ka diri Si Nespi? Bingung, swear. Urang teu hayang ngadenge omongan batur ngeunaan kagorengan Si Nespi. Memang kabeh eta teh nampeu hareupeun. Nyaho urangg ge. Rek dihaja atawa ukur kapergo. 
Meureun alesanana mah taya lian ti rasa citresna urang ka Si Nespi. Buktina urang inget wae ka manehna. Unggal peuting. Siga ayeuna, Nda. Urang inget kana sagala rupa nu kungsi kaalaman jeung manehna. Kanyaahna. Kahadean jeung bebelana. Pangorbanana. Kagorenganana. Inget basa manehna mabok hareupeun urang. Inget deui basa manehna solat ngamamum ka urang. Inget basa ngalongok adi kelas nu gering di kost-anana. Inget deui basa sare di mushola sakola. Sabab rek balik peuting teuing. Taya angkot euy. Balik nonton harita teh, Nda. Ti Century. Heueuh bioskop tiiseun, da eta-eta wae film teh. teu kawas di kota-kota gede. Tadina ge rek ngarayakeun ulang taun urang, bingung, geus wae ka bioskop. Geus kaluar ti bioskop teh lain tuluy balik tapi ulin heula ka Harimart da malem Minggu tea. Ramena di dinnya atuh Cianjur mah. Ampir-ampiran jam dua belas urang balik teh. 
“Balik ka mana, Nes, geus euweuh angkot kieu?” cekeng nanya kitu.
“Terserah, rek dibawa kamana ge.” Omongna tatag.
“Urang ka sakola we, yu!” urang nangtukeun kaputusan sanggeus rada hulang-huleng.
Nda, mushola teh hiji tempat anu ilaharna dipake munajat jeung muntang keming ka Gusti Nu Maha Suci, dipake solat, dipake itikaf. Tapi ku urang jeung Si Nespi kalah dipake teu uyahan. Teu uni. Nuluykeun hanca nu samemehna kateundeun basa di bioskop. Urang jeung Si Nespi dibawa deui ngalayang ku seuneu nu ngabebela dina dada sewang-sewangan. Kumalayang luhureun taman panineungan. Kembang-kembang mawar tumuwuh meh diunggal tempat ngadalingdingkeun seungitna kana awak urang jeung Si Nespi anu silih rungrum. Bulan jeung baranangna bentang marengan hiberna dua rasa dina hate nu papuket silih sangkeh mapakan kana ruy-reyna getih jeroeun kulit. 
Kesang renung dina tarang. Laat-leet kana tonggong. Satulang sandi jadi langlayeuseun sab bagian-bagian tanaga nu kasimpen dina tulang walikat jeung tulang iga betus kaluar ngaliwatan keteg jajantung. Tanaga ilang. Teu kuat deui geusan mukakeun jangajng ngapak mega bodas nu sakapeung dikokosan. Urang jeung Si Nespi teu walakaya. Murag lir kalakay nutug ka handap. Gubrag. Awak urang nyangsaya dina awak Si Nespi nu ngageter ku kaweur, nafasna siga anyar kapiuhan. Leungeuan muntang kana punduk urang. Tuluy nyoara semu ngageter ;
“Kang, urang aya dimana?” 
Si Nespi hudang. Cengkat nyurungkeun awak urang. Tuluy rambisak. Cimatana murubut maseuhan hariguna nu ditangkeup. Urang sadar kana kaayaan. Urang jeung Si Nespi bener-bener kalimpudan lalalngse nu timbul alatan akal sehat urang jeung Si Nespi ilang ku alkohol nu diinuman keur di Harimart keneh. 
Nda, ukur maneh nu nyaho ieu kajadian. Urang ngabunikeun ti sasaha. Ti barudak. Ti indung bapa urang komo deui. Kitu deui jeung Si Nespi. 
Harita Si Nespi dibebenjokeun. Cekeng hal eta cukup sakali kajadian dina lalampahan urang jeung manehna. Itung-itung kado ulang tahun keur urang we deuih. Manehna nyiwit bari seuri maur.
Nda, eta kajadian sigana geus jadi hal anu lumrah dina pergaulan rumaja ayeuna. Buktina kajadian eta teh geuing taya nanaon deui. Estuning adem ayeum teu kawas baheula basa indung jeung bapa urang rumaja. Aya nu kitu teh meureun ibur jeung terus digerebeg. Tapi harita urang teu kapanggih ku sasaha. Si Nespi teu kua-kieu. 
Mhhhh.
Nda, urang sedih hate leutik mah ngajalanan lalampahan kieu teh. Asa lain jelema. Asa jadi sato. Ucing. Anjing. Sakapeung urang hanjakal. Sakapeung hayang pipisahan jeung Si Nespi teh. Hayang panggih jeung maneh nu teuing dimana ayeuna. Urang sono ka maneh. Urang leungiteun. Dina hate urang masih keneh ngancik sarebu rasa jang maneh. Bogoh. Tresna. Kunaon atuh urang jeung maneh teh make kudu pisah? Ku takdir? Mani teu pira alesan teh euy. Padahal mun maneh jadi batur hirup urang, moal kawas ayeuna meureun nu karandapan teh. Hirup diudag-udag kabingung jeung kamelang. Dibaturan honcewang. 
Tapi mun seug urang ayeun jeung maneh naon nu deuk dicaritakeun ku urang ka maneh nya? Ah euweuh sigana teh. Paling ge nyaritakeun angen-angen urang nu hahanteman beuki ngabadagan. Harepan urang jeung maneh tangtuna. 
Coba, mun memeh urang kaluar sakola, urang nyaritakeun heula naon anu aya dina hate urang. Meureun maneh ge saeutikna bisa ngahargaan. Leuwih jauhna narima urang. Lain urang teu bisa. Lain urang teu boga waktu deuih, tapi naha tiap urang panggih jeung maneh, sagala nu aya dina hate bet laleungitan. Sorot panon maneh nanceb tarik dina dadasarna. Nu aya ngan ukur maneh, Nda. Kitu jeung kitu nu karandapan. Tepi ka hanteuna urang ngedalkeun perasaan urang ka maneh. Tepi ka pisahna urang jeung maneh. Basa balik deui ka sakola urang teu manggihan deui maneh, sedeng cinta nu aya dina dada masih nyulayaban neangan hate nu geusan dipake pangeunteupan. Lieur urang, Nda. Antukna resep ka Si Rosdiana, sobat deukeut maneh. Tapi urang ditampik. Heueuh, geus apal cenah naon nu sabenerna diomongkeun teh ukur palumpatan ti maneh. 
Panggih jeung Si Nespi, urang meunang darmaga nu bisa dipake balabuh hate urang. Tapi geuning buktina kieu, Nda.
Huhhhh!
****



Puncak

Poe Saptu isuk-isuk. Urang indit ka sakola, Nda. Ngahaja nginjeum motor amang urang, meungpeun keur aya. Enya jauh-jauh datang ti Rajamandala ulin ka imah rek refreshing. Dasar kitu kalakuan boga paman teh. Teu dulur-dulur teuing sabenerna mah sabab anu teges mah bapana teh paman indung urang. Ah ieu mah paamang-amang we. Bae da bageur manehna mah teu kawas pamajikanana. Nginjeum motor oge manehna mah mani sagala ditanyakeun. Kamana jeung saha deuih inditna. Untung wae boga paman teh bisa mangmeunangkeun. Majar teh keun atuh da pamuda, rek jalan-jalan meureun. Kawas teu ngalaman ngora wae.
Mani pareng pisan. Urang nepi ka sakola, Si Nespi turun tina angkot. Naha teu dianteurkeun, cek hate ngocoblak sorangan. Teu ningalieun urang meureun, geus turun teh tuluy wae leumpang. Teu luak-lieuk. Lengkahna bangun nu teu sumanget. Awakna bet asa ngaleutikan. Kunaon nya? Siga nu langlayeuseun kitu. Urang nuturkeun ti tukangeunana.
“Nespi!” urang satengah ngagorowok. Ampir kabeh nu ngadenge sing rareret. Si Nespi tembong ngarandeg. Malik ka arah datangna sora. Bengong nempo urang teh. Beungeutna pias. Sedih, bungah jeung kaget ngahiji jadi cimata.
“Kang Rifan!” cenah sorana laun. Tuluy leumpang gancang nyampeurkeun. Geus deukeut gabrug teh nyuuh dina dada urang. Teu madulikeun barudak nu lian narempokeun. Kareret di antara nu nempokeun teh aya nuseuri. Aya oge nu olohok. Aya deui nu ting kecewis. Si Nespi kalah nangkeup pageuh bangun nu embung lesot. Buukna diusapan ku kanyaah urang.
“Geus, Nes, tong kieu!” pok teh. Beungeutna dicengkatkeun. Dada urang baseuh ku cimatana.
“Kang, bawa Nespi indit!” cenah matak kaget keur urang. Sorana ngageter. Cimatana beuki murubut. Leungeun urang hideng nyusut lemberehna. 
“Hayu! Ngahaja pugu rek neang maneh kadieu teh. Tapi kudu dibawa kamana?” cekeng da puguh bingung kamana geusan mawa manehna, sedengkeun urang sasatna teu boga imah sorangan. Nyaho maneh ge, Nda, urang masih keneh nyiruruk di kolot. 
“Terserah lah, Kang, kamana wae. Nu penting Nespi tenang.” 
Si Nespi dibawa. Dikaleng nyampeurkeun motor. Sanggeus deukeut, urang muka konci jok, leungeun ngarogoh kana helm nu diteundeun handapeun pangdiukan. Song dibikeun ka Si Nespi. Kalacat urang naek. Motor dihirupan.
“Hayu!” cekeng ngan ukur bisa sakitu nu kedal. 
Teu hararese Si Nespi ngawaro. Diukna nyangegang najan make rok sakola oge .
“Kela, Nes!”
“Aya naon, Kang?” omongna bari turun deui. Urang ngalaan jaket nu dipake, tuluy dibikeun sina dipake ku manehna. 
“Nespi ge mawa, Kang!” omongna bari ngaluarkeun sweater tina jero tas sorenna. Tembong ti luar oge sasatna herang tas teh teu beda wae jeung palastik make panyoren.
“Pake atuh!” ceuk urang deui. 
Si Nespi ngawaro. Geus make sweater mah, manehna naek deui kana motor.  
“Geus?” 
“Geus!” tembalna bari muntang kana cangkeng.
Crek! Gigi motor ditincak. Grung! Digas motor maju ka kulonkeun. Nda, urang bingung kudu kamana nya mawa Si Nespi. Nu ngancik na pikiran ukur niat neangan tempat anu jauh ti karungsing. Ah teu paduli. Kamana wae nepina.
Motor beuki tarik digas. Gigi opat. Si Nespi beuki pageuh nangkeup awak urang. Dua awak ngabelesat dina jalan hideung nu nepungkeun Cipanas jeung Cianjur. Beuki jauh jalan beuki nanjak, pungkal-pengkol, hawa beuki tiris. Tembong sisi kenca jungkrang lungkawing pinuh ku tatangkalan, sedeng sisi katuhu gunung cadas semu lukutan jeung dituwuhan tatangkalan paku. Kaditunakeun tembong kebon-kebon enteh siga meunang ngagarisan.
Maneh nyaho tempat eta, Nda?
Bener. Puncak.
Si Nespi ku urang dibawa ka puncak. Teuing naon sababna bet tempat eta nu katarima dina hate urang. Reugreug meureun, Nda. Urang ngarasa aya nu ngageroan kudu kadinya. Asa maneh nu rek mapagkeun urang, Nda. Endah pan pucak teh, bener teu? Satungtung deuleu hejo ngemploh ku kebon enteh. Angin ngadalingding muragkeun saban kapeurih nu nyangkaruk dina hate. Utamana hate urang. Teuing hate Si Nespi mah. Hawa tiis nyelecep geus tangtu bisa mareuman seuneu dina jero sirah nu ngagegedur alatan karungsing jeung kahariwang tea. 
Urang ngeureunkeun motor di salah sahiji rumah makan nu cukup kawentar. Maksud teh rek ngajak dahar heula naon wae nu sakirana bisa nahan lapar. Can dahar nanaon meureun Si Nespi teh. Soloyong motor asup ka tempat parkir. Reug eureun. Si Nespi miheulaan turun. Nangtung gigireun urang nu dadahut muka helm jeung mareuman motor. Helm nu dipake kumanehna dibuka tuluy diasongkeun ka urang. Paroman rada robah jiga nambah kabungah. Atoh meureun panggih jeung urang. Paduduaan di tempat nu anggang ti imah jeung jelema-jelema nu kurang panujueun kana bobogohan urang. Bisa-bisa seuri atuh najan teu kawas baheula oge. 
“Kang!” Si Nespi mimiti nyoara. Paroman semu marahmay. Gep leungeunna muntang kana leungeun kenca urang. Awakna satengah raket kana awak urang. Panon urang ngareret dijurung ku kanyaah nu datang tina hate leutik. Si Nespi dikaleng, dibawa leumpang muru rohangan rumah makan ngaliwatan lapang parkir jeung lawang panto. 
Sup ka jero rumah makan, dipapag ku hariring tembang Sundaan. Teu wawuh saha nu nyanyina. Teu hayang nyaho lengkah nu rada beurat ge tuluy maksakeun nguriling nincakan ubin nu sawarna jeung cadas. Neneangan tempat diuk nu luyu jeung kaayaan hate. Ka beh jeronakeun lain kalah poek jeung buni tapi malah caang jeung lewang nempo gurat-gurat jalan di tengah kebon enteh. 
Memeh urang nyawang kaendahan nu jauh, tukangeun eta rumah makan kawilang mere nuansa nu teu kurang endah. Empang herang manjang ka gigir. Tonggoheunana cucurugan meunang ngareka ngajungkirirng marengan tatangkalan leutik nu ngahaja dipelak sisi-sisi empang. Caina nyurug kana beungeut empang dipapagkeun lauk emas hararideung teuing sabara kulawarga, arulin balakecrakan taya reureuhna. Sakapeung lalumpatan muru sasaungan nu ngajarega luhureunanana, menta dahar meureun tina sesa-sesa nu dialungkeun kunu dalahar. Sakapeung udag-udagan deui lir barudak ucing sumput, nyarumput kana eceng gondok jeung tarate.
“Kang, Nespi mah hayang di luhur empang cicingna!” omong Si Nespi bari nunjuk ka sasaungan luhureun empang. Sasaungan leutik dijieun tina awi jeung papan nu ngadadasaranana. Mirip jeung pos ronda ngan bilikna pendek. Golodog-golodogna nyambung jeung leunjeuran awi nu disambung kawas rakit manjang di tengah-tengah.
“Hayu!” cekeng teu hararese. 
Nda, hate saha nu moal biluk kana eta kaayaan. Cimata saha nu bakal tetep murubut mun seug karungsing dibawa niis di dinya. Cageur, Nda. Urang ngarasa reugreug marengan Si Nespi di dinya teh. Urang ngarasa tempat ieu mere mengrewu katingtriman kana hate urang. Manehna nyadiakeun astana keur ngubur sagala kasedih. Baluweng na sirah patulayah kana papan palupuh tuluy maloncor kaanginkeun hawa tiis, malurag ka kolong dihakanan lauk emas.
“Nes, kunaon mani begang kieu?” cekeng nanya sanggeus na diuk merenah dibarengan sangu bodas jeung beuleum lauk. Nu ditanya kala ngahuleng jiga nu keur ngareka piomongeun.
“Nes, ngomong ka urang! Dikumahakeun ku Bapa tere maneh?”
“Goblog, Kang!”
“Har! Bet ngomong kitu?”
“Teu ngaho nya, Kang, unggal peuting Nespi ceurik wae. Nespi inget ka Akang. Unggal peuting teu bisa sare..”
“Kunaon? Ngomong meungpeung Urang aya di dieu. Sugan wae bisa nulungan.” Cekeng satengah maksa, tapi nu ditanya kalah ngeluk tungkul bangun teu wasa balaka.
“Kang, Nespi dititah kawin.” Si Nespi engab bangun nu asa-asa. Ngadenge kitu, urang kaget nakeranan.
“Naon sababna?”
“Ngarah Nespi mikir, cenah. Salila ieu, Nespi teu ngadenge kana omongan kolot, pangpangna Apa. Nespi teu beunang diatur. Awewe mah teu sawajarna ulin-ulinan jeung lalaki. Kuduna ge cicing di imah. Jodo mah engke ge nyampeurkeun.”
“Mani picik jeung telenges pipikiran teh.”
“Nyaeta geus hayang bunuh diri mun teu inget ka Akang mah.”
“Ulah kitu, Nes!”
“Atuh da enya. Hirup teh asa teu nyawaan. Teu boga harti. Ngadadago Akang kalah beuki nyeri. Sahenteuna Akang dipikangewa. Angger wae teu eucreug mun dikawinkeun ka Akang mah, cenah. Matakna Si Apa mawa duda babaturanana. Beunghar cenah, tangtu bisa nyenangkeun Nespi.” 
“Jawaban Nespi kumaha?”
“Jelas-jelas nampik lah.”
“Geus nyaho jawaban Nespi kitu.”
“Nespi disiksa, Kang. Nespi ditampilingan. Dikerem unggal peuting teh. Sakola ge langka asup.”
“Geuing ayeuna bisa ka sakola?”
“Tadi peuting sakitar jam dua, kabur ka imah Si Dina, adi kelas tea geuning. Hayang ka sakola, da balikna rek ka imah Akang, teu kuat hayang panggih. Ning pangeran mah adil, ayeuna Nespi bisa panggih dina kaayaan siga kieu. Atoh pisan Nespi mah.”
“Tada teuing geunjleng meureun kulawarga.”
“Kajeun.” Omongna siga nu puas. 
Urang ukur bisa ngahuleng ngaraga meneng ngadenge pangakuan Si Nespi. Kahiji urang nyaah jeung karunya ka Si Nespi. Tapi urang kudu kumaha. Tungtungna urang jeung Si Nespi kalah ngarangon lamunan. Bingung ku pilampaheun. Teu karasa waktu geus nyerelek ka sore. Padaha asa cik keneh isuk. Urang indit ti imah seja nepungan Si Nespi di sakola. Tuluy indit ninggalkeun lembur. Nya nepi ka Puncak.
 “Nes, geus burit geuning.” Cekeng narik nafas panjang. “Rek balik moal?”
Nu ditanya ukur ngabetem. Leungit kasadaran. Teuteupna anteng kana gelas jangkung eusi jus tomat satengahna. Panyedotna sakapeung diusapan kawas nu keur mikir.
“Nes!” urang nyalukan deui. Manehna ngareret siga nu kaget.
“Mh...Ah...a...Aya naon, Kang? Ngareureuwas” cenah kalah nanya. Tuluy neuteup beungeut. Paromanna semu ringrang. 
“Hayu balik!”
“Embung ah, Kang, Nespi mah hayang jeung Akang.” Leungeun Si Nespi ku urang diceklel pageuh. Awak rada ngarongkong ngadeukeutan manehna. Teuteup paamprok. Tembong panon Si Nespi siga neneangan barang nu leungit mubus kana panon urang. Urang ngajak deui balik ku harewos beurat. Rarasaan mah halis ge tepi ka turun seja ngayakinkeun pangajak, tapi manehna angger keneh ngahuleng siga nu wegah ninggalkeun tempat diuk. 
“Tuh, ponon poe geus ampir tunggang gunung, perjalanan ka imah teh teu sakeudeung. Kajebak macet coba. Melem Minggu ayeuna teh.”
Si Nespi kalah miceun beungeut. Ragamang kana tas transparanna. Jung nagtung. Leumpang kaluar ti saung dituturkeun paneuteup urang nu meulit kana hatena. Lengkah ngajauhan muru empang lebah cucurugan. Geus deukeut reg eureun. Panon mencrong kahandap merhatikeun lauk nu giling gisik. Lieuk ka urang nu anggeur ngawaskeun. Luk tungkul. Tuluy diuk bari nangkeup tasna. Suku meh keuna kana beungeut cai. 
Pamohalan diantepkeun kitu wae. Biasana ge manehna dibarengan dina kaayaan-kaayaan kieu mah. Teu mikir lila urang nyampeurkeun Si Nespi. Diuk gigireunana. 
“Nes!” cekeng. Leungeun ngaragamang kana taktakna.
“Ya Alloh! Akang, reuwas.” Pokna siga nu kagareuwahkeun. 
“Hampura! Tong ngalamun matakna!”
“Saha nu ngalamun?” 
“Tong dipikiran. Hayu!”
“Hayu kamana? Nespi mah embung balik ti tadi ge.”
“Lain rek ngajak balik Akang ge.” Cekeng asa kaideuan mawa manehna jalan-jalan deui. Melem Mingguan deui. Indit kahiji tempat anu salila ieu dipikahayang ku manehna. Biasana ukur bisa nenjo ti handap wungkul. Kungsi maksa manehna hayang ngajugjug ngan dicaram ku urang. Paur labuh, cekeng. Tapi ayeuna bet urang nu hayang ngajug-jugna. Hiji tempat nu kawilang endah, tiris tur lungkawing meh bisa nempo ka suklak-siklukna puncak. Kota Bogor ge ceuk barudak pencinta alam mah katembong mayakpak. Cenah, da can kungsi naek tea.
“Rek kamana kitu, Kang?” 
“Ka tempat nu dipikahayang ku maneh.”
“Kamana?”
“Ka Masjid At-Thaawun.”
“Hayang ka Bukit Kolot.”
“Enya, pan solat magrib heula. Ti dinya urang leumpang da moal kuateun dibawa nanjak motor mah. Jalan satapak deuih.”
“Hayu, Kang! Geuwat!” tembalna bangun atoh pisan. 
Urang jeung Si Nespi ngalengkah ka luar. Sanggeusna mayar dahar. Urang kaluar ti rumah makan ngajugjug tempat nu direncanakeun tea.
“Jangji nya, Kang, moal mawa Nespi balik?”
“Sing percaya.” Cekeng bari ngaluarkeun konci motor tina pesak calana. “Suku tiris teu?”
“Naon kitu?”
“Atuh pedah we make anderok pondok. Bisi nyingsat, nyiar-nyiar pi...”
“Tah geus mimitina, gandeng ah! Kapaksa da teu mawa trening komo deui lepis. Ieu ge make rok Si Dina, katempo meureun tukung.”
“Alus. Pantes da. Betah nempo.”
“Garila dot kom ngomong teh.”
“Atuh heureuy, saeutik!” pok teh. “Nes, diukna sidengdang atuh. Bisi asup angin cangegang mah!” urang ngomong deui bari markir keun motor.
“Kumaha ngenahna wae atuh, Kang.”
“Kajeun!” cekeng satengah kawalahan malikeun motor. “Asa ku beurat motor teh. Lungse meureun.”
“Ku Nespi atuh mawana!”
“Maneh pan gering katingalina. Loba ngalamun deuih, palalur. Geus, urang ge kuat kenah. Sok naek!” cekeng deui bari ngahirupan motor. “Aya keur mayar parkir teu?”
“Aya!” jawabna. Kalacat naek. Angger cangegang. Embung we sidengdang teh da asa jadi ibu-ibu nu ti pasar bari mawa balanjaan. Rok kulawuna rada nyingsat katarik ku tuur nu ngaluhuran pingping. Gap deui leungeunnana kana cangkeng urang, nangkeup pangeuh. 
***  
Si Nespi dibawa deui ku urang ngaliwatan bulat-belotna jalan puncak. Sisi-sisina kebon enteh teu weleh marengan kana unggal renghap jalma nu lalar liwat boh dina mobil atawa dina motor. Buana mimiti reup-reupan, layung hibar manyur jomantara. Beuki poek hawa beuki tiris. Di jalan lampu beureum jeung koneng hurung pili genti. Mobil jeung motor balawiri nyasaak jalan nu beuki pinuh ku kandaraan. Urang ngajalankeun motor lumpat deui sab diudag keteg jajantung. Pungkal-pengkol jeung nyelap nyelip ngaliwatan lolongkrang mobil. Angin ngagelebug nembrag awak. Tiris nyelecep kana bayah. Gerung motor beuki tarik
Dash! Aya nu nembrag tihareup. Asa angin. Tapi lain saukur dada nu karasa, ssakujur badan. Leng pipikiran baluweng. Lampu-lampu koneng beuki ngalobaan, tapi urang terus mangprung mawa Si Nespi dina tonggong. Jalan jadi simpe. Mobil jeung motor kaliwatan jauh di tukangeun. Pungkal-pengkolna jalan jadi lempeng. Kebon enteh jadi mega bodas nu endah jeung amis. Sakapeung dicokot, dikokosan. Jalan beuki jauh beuki lening jeung leucir. Beuki netek ka luhur ngudag cahaya nu sumirat manyur beungeut urang. Motor terus mangprung. Taya inggis labuh najan rek ngajalankeun sarebu lima ratus kilometer per jam oge. Malah bisa leupas tangan. Urang jeung si Nespi bagja bisa tumpak motor bari leupas tangan, Nda.
Eeh, geuning motor dileupaskeun oge urang jeung Si Nespi masih keneh bisa mangprung ngajugjug nu hurung. Cahayana jadi jalan pikeun lumaku. Urang bebas, Nda. Urang jeung Si Nespi teu boga deui kabingung. Karungsing maluragan. 
Har, ari itu saha nu diriung-riung di handap, dua jalma siga urang jeung Si Nespi. Na kunaon bet ting golepak nyangsaya dina regang-regang enteh. Pulisi balawiri ngahurungkeun sirineuna. Ari itu mobil bodas panjang, mobil pulisi lain? Tapi naha sirineuna bet beda hiungna, gambarna oge ikon tambah pulas beureum. Tuh mawa dua jelma anu mirip urang jeung Si Nespi.
Unaida, maneh geuning mapagkeun urang. Make gaun bodas siga rek panganten.
“Geura dangdos kang, cios nikah teh!”
Ari Si Nespi kumaha, daekeun dicandung kitu?
“Rifan geuning maneh teh ditarima ngalamar jadi PNS teh!” Euleuh saha nu gegeroan sada sora indung urang.
Rengse, Bandung 18 Nopember 2006



BIOGRAFI PANGARANG

Iwan Muhammad R. teh pituin urang Cianjur, lahir kaping 10 Oktober 1985 di desa Tanjungsari. Sakola dasar di SDN II Tanjungsari lulus taun 1998, neruskeun ka SMPN I Karang Tengah kelas jauh, lulus taun 2001. Tuluy asup MAN Cianjur nyokot program bahasa keur kelas tiluna. Ti mimiti di MAN manehna resep kurung-karang, utamana puisi jeung cerpen. Kungsi jadi redaksi jeung reporter Majalah Pelajar dan Mahasiswa nu boga ngaran “ISMA” dikokolakeun ku ekstrakulikuler K.I.J (Karya Ilmiah dan Jurnalistik) Lily Azis Shaleh harita nu jadi pembinana. Lian ti eta, Iwan rajin ngeusi acara di Radio Suara Pemerintah Daerah Kab. Cianjur, jadi wawakil sakolana. Prestasina dina widang nulis kurang dipiwanoh sabab tara medalkeun karya-karyana ka media masa.najan kungsi puisina dimuat dina Majalah Sastra Horison jeung jadi 15 nominasi Penyair Cianjur taun 2003 dumeh dikirim kunu jadi guru bahasa Indonesiana, Lily Azis Shaleh tea. Lulus MAN taun 2004 teu neruskeun kuliah da kurang waragad. Tapi sabot neangan pagawean ka Bandung, penggih jeung Sakolah Tinggi Seni Indonesia nu kungsi dipikanyaho ti mahasiswana nu jadi penyiar di stasion radio swasta Cianjur. Daftar taun 2005, milu testing, ditarima di Jurusan Teater, tug tepi ka ayeuna. Aktif dina ngokolakeun Buletin Kampus Daunjati, Komunitas Republik Semut Hitam, malah kacatet jadi Anggota ASAS UPI Bandung angkatan 13 da milu diklat, ayeuna teh keur satekahpolah ngahirupkeun Komunitas Sastrana Komunitas Mata Angin, komunitas teater tradisi nu boga ngaran Ceker Paneker katut grup film indie “Huruf.” 
 
mobile : 085624915727